Re: [Urang Sunda] PUSAKA SUNDA - Panduan EJAAN

2009-08-24 Terurut Topik mh
hehehe, enya transkripsi ka ejaan kiwari wae. Memang loba tulisan kecap nu teu ilahar, maklum nu nyieunna urang Inggris, jadi wajar we ceulina rada saliwang ge. Loba nu pabeulit, aya sora /eu/ make vokal-tunggal, aya oge nu make vokal-ganda. nuhun, mh 2009/8/25 Panzi : > ”Adah! wat leutik teuing"

Re: [Urang Sunda] PUSAKA SUNDA - Panduan EJAAN

2009-08-24 Terurut Topik Panzi
”Adah! wat leutik teuing" "Adah! sia daik ngabobodo ka aing" tah mang abi mendak kecap2 anu siga diluhur, rada bingung oge naon hartina eta teh... nu kadua mah meureun maksudna "Adah! sia daek ngabobodo ka aing" sigana mah ku urang langsung dilereskeun wae mun mendak kecap2 siga kitu teh nya mang.

[Urang Sunda] PUSAKA SUNDA - Panduan EJAAN

2009-08-24 Terurut Topik mh
araya, ejaan dina kamus Jonathan Rigg migunakeun ejaan heubeul, salian ti eta loba ejaan nu teu lumrah dipake jaman kiwari. Kulantaran kitu supaya gampang dibaca ku jalma kiwari, hadena urang migunakeun ejaan nu ilahar kiwari wae, jiga nu dipake ku majalah Cupumanik. Ejaan Cupumanik aya tilu rupa