araya, ejaan dina kamus Jonathan Rigg migunakeun ejaan heubeul,
salian ti eta loba ejaan nu teu lumrah dipake jaman kiwari. Kulantaran
kitu supaya gampang dibaca ku jalma kiwari, hadena urang migunakeun
ejaan nu ilahar kiwari wae, jiga nu dipake ku majalah Cupumanik.

Ejaan Cupumanik aya tilu rupa vokal:

e-kelek, /e/ make halis
e-pepeg, /e/ dugul teu make halis
eu-ceuleupeung, gabungan /e/ jeung /u/

Pikeun conto toong file conto nu diusulkeun ku kang dian.
Sedot file ieu:

301-350-conto.doc
301-350-conto.odt

Tempatna di dieu:

http://groups.yahoo.com/group/pusaka-sunda/files/conto-output/

Salian ti eta, aya kecap nu ditulis make aksara Arab
oge aksara Jawa, pikeun nu jiga kieu aksarana bere pananda
we make kecap nu saluyu di kurungan.

Contona al-amin (ARAB), maksudna kecap al-amin aya aksara arabna.


m--- In [email protected], "Roro Rohmah" <roro.roh...@...> wrote:
>
> MH, aya huruf Araban, kumaha? Ieu the bade langsung dilereskeun kecap2na, 
> atanapi diketik nyeples kitu, ke ku MH diedit deui...
>
> ro2
> nembe 2 kaca.
>

Kirim email ke