Sapuk Ua, lere ngaran teh aya mamalana oge pangaruhna. Kulantaran 
dngaranan "Kongres", sigana wangkongan teh jadi heunteu kaur beres.

Ti Kang MGT asana nembe perkara ngaran jeung tempat, kumaha ari 
jejer wangkonganna? sangkan aya hiji-hijieun anu beres atawa 
sakurang-kurangna aya dina "track" anu matak pogot ngadeug=deugna?

Ti payun sim kuring kantos ngusulkeun sangkan "Rapat" teh ngawitan 
ngipuk jejer wangkongan anu tiasa dilajuninglakukeun(di-follow up) 
ku sadaya anggota Kusnet dimana bae ayana, sareng naon bae 
pagaweanna. Kukituna, lengkah kahiji, upama sapuk, meureun nandaan 
naon bae kakuatan jeung kalemahan organisasi samodel Kusnet, lengkep 
kalawan "peluang" jeung "kendala"-na. Sebat bae sarupa analisis SWOT 
kanggo Kusnet. 

Kaduana, nya panginten anu dina manajemen mah disebat "positioning" 
tea. Saterasna mah tiasa dibadamikeun ngeunaan visi, misi, tujuan 
stratejik, sasaran stratejik, program, sareng kagiatan. Sadayana 
nyoko kana hasil SWOT dareng positioning tea.

Wayahna, sadayana anu kasebat "prasarana" di luhur teh nya kedah 
diluluguan heula anan ku pangurus Yayasan. Pamugi kuayana 
kitu, "Kongres" teh janten rapat anu narik anggota. Oge Kusnet 
janten organisasi pangpayunna dina mateakeun internet (IT) pikeun 
pangwangunan budaya.

Baktos,
manAR


--- In [EMAIL PROTECTED], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>   
>   Kang MGT nyarankeun kanggo kapayun mah istilahna ulah Kongres, 
lantaran
> enya ari kongres mah da ngan ukur kitu, siga sosonoan lantaran 
geus lila teu
> patepung, kapayun mah kedah diondang kalawan daria, sareng 
istilahna janten
> Rapat, ambih karasa dinesna, jeung tempatna kedah milih anu rada 
resmi, siga
>    Mangga urang tatahar ti anggalna.
> 
>   MSasmita



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke