Punten ah !!!, ieu ngiring mairan perkawis silaturakhmi US saba'da boboran siam tea. Upami ngahephep mah sieun disangki jalmi teu tanggel waler !!, margi abdi kalebet kanu ngojok-ngojokna, heheheh !!!
Perkawis tempat sim abdi nembe kenging informasi dua tempat kanggo piliheun ;
hiji : Vila di Cipayung !, anu kaduana ; Taman Rekreasi Cimalati, Cicurug, Sukabumi (upami nu tiasa/bade ngiringan, seueur !!!).
Dinten na oge teu acan katangtoskeun naha kaping, 21/22 Nopember 2004 atanapi ping 27/28 Nopember 2004.
Tah !!!, kumargi waktosna masih lami, bilih bae para wargi kagungan usulan tempat atanapi dinten anu sanes, mangga dihaturanan !!!
Sanes kitu tah para Saderek !!
Pihatur,
S. Siddik Wiradireja
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

