Satutas kongres lekasan, kapeutingnakeun aya telepon ti Kang Siddik, rada reuwas bet aya telepon ti Korea, uluh jauh pisan...!
Ngobrol kaditu kadieu, nya sim kuring mah ukur ngalaporkeun Kongres, geuning Kang Siddik teh tos lami pisan bubuara di nagri deungeun.
Nuhun Kang...tos kersa ngawangkong, sok sanaos dina telepon.
Insya Alloh kapayun urang patepang, paamprok jonghok.
 
Kapeutingnakeun deui aya telepon deui ti Kang Maman Gantra, sasadu teu tiasa sumping alatan cape tos ti Lampung, tos aya kagiatan pelatihan jurnalistik di Lampung.
Nya atuh sim kuring ge laporan ka Kang Maman Gantra (MGT), keur mah anjeuna teh Ketua Dewan Pengawas di YP, sareng anjeuna teh wartawan senior ti Forum Keadilan, sim kuring rada manghanjakalkeun yen kongres teh nu hadirna mung sakedik, mung aya sabelas jalmi.
Kang MGT nyarankeun kanggo kapayun mah istilahna ulah Kongres, lantaran enya ari kongres mah da ngan ukur kitu, siga sosonoan lantaran geus lila teu patepung, kapayun mah kedah diondang kalawan daria, sareng istilahna janten Rapat, ambih karasa dinesna, jeung tempatna kedah milih anu rada resmi, siga di hotel atawa kantor anu tiasa nyayagikeun tempatna, sareng ulah ngan di Bandung wungkul, sahenteuna ari di tempat sanes mah katingal yen Kusnet/YP teh teu Bandung sentris.
 
Ningali posting nu tos kalangkung, katingalna aya pangajak sangkan Kongres/Rapat nu bade dongkap diayakeun di Bogor di Kang Eko saparakanca di Bogor sareng Kang Siddik van Korea, sim kuring kacida satujuna.
Mangga urang tatahar ti anggalna.
 
MSasmita
 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke