Mang j engke mah urang ayakeun kongres/silaturmai teh
dibogor sakali-kali mang supados nu aya dibandung ka
palih wetan, kidul, kaler sareng kulon (jabotabek)
tiasa pependak kumaha tah mang ?

Wengi tadi oge sim kuring nampi telepon deui ti KBRI
seoul-korea pak siddik, diantawisna anu diobrolkeun
teh hoyong aya maksad engke upami tos boboran urang
kongres/silaturahmi dibogor saurna kaleresan anjeuna
mulih ka indonesia saurna.

Tah kumaha baraya, ke tos boboran urang kongres deui
dibogor upami tempatna mah upami seueuran ke urang
milarian malihan pak siddik mah tos kenging sababaraha
tempat diantawisna dicipayung saurna sareng taman
melati kitu anu diperbatasana bogor- sukabumi, upami
teu seueur mah mangga dirorompok abdi oge tiasa, bade
ngabubuy hui/sampeu kantun ngala dipayuneun bumi. Alah
raosnya ngabubuy sampeu  dibuka teras dipurulukan gula
beureum he he.....

Tos ah sakieu heula ti abdi, kongresna oge lami
kenehnya, kumaha mang j, Ua sas, kang Oman sareng
baraya nu sandes ????

@ERN

--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> >
> >punten telat, nembe tos rapat ujian akhir heula
> >
> >kongress, nu sumping:
> >1. bah willy
> >2. tati
> >3. ani cikarang, 
> >4.hendri + kel (cikarang bekasi)
> >5. Aki Aang Wahyono
> >6. Kang Tatan Sucofindo
> >7. kang Iskandar 
> >8. Puppi (ka uleman heula)
> >9. kang Oman
> >10. Ua Sasmita
> >11. Mantan calon DPD, pa Rasidi, dosennya Hendri di
> FH Unpad
> >12. kang Boim
> >
> >bah Willy teu tiasa lami, da bade teras ka
> Sukabumi. Om Teddy pamanukan sumpingna sonten, ngan
> bade ngaborong kaos wungkul 2.
> >
> >Jejer Utama kongress, nya ngaguar pangalaman oge
> kasang tukang pa Rasidi -dosen FH Unpad, kolega Pa
> Muchtar Kusumaatamdja-, nu kantos ngirin janten
> calon DPD ti Jawa Barat. Ari DPD teh kahayangna mah
> sarupaning SENAT di amrik. jalmina disebut Senator.
> mung nu milihna kirang, janten pa Rasidi teu tiasa
> ngawakilan wilayah Jabar ka Senayan. nu kahiji teh
> gan Ginanjar Kartasasmita.
> >
> >Alesan teu kapilihna pa Rasidi, nya kumargi anjeuna
> kirang dikenal ku masyarakat Jabar. cenah mah,
> janten calon DPD teh kedah aya tanta tangan sareng
> potokopi ktp, minimal 5000 jalmi. 
> >
> >Salah salima cita2 pa Rasidi teh, diantawisna,
> hayang ngarobah atawa ngusahakeun US ulah jadi
> jongos di lembur sorangan cenah. beu. hese eta
> udagan teh saleresna mah.
> >
> >Pa Rasidi ngaraos reueus aya yayasan oge kumpulan
> US dina internet. Anjeuna miharep aya oge ramat
> lancah di darat.
> >
> >mangga kanu sanes nyerat laporanana masing2....
> >
> >-------
> >Dinten Senenna, 3 Mei, si kuring sareng Ua Sasmita,
> oge si Aki sareng ibuna si Eneng, dina Kijang Biru
> si Ua (aya pantoan eyeuna mah, nu bodas mah -nu
> kapungkur- teu aya) Ka Walahir, Desa Kidang
> Pananjung Kecamatan Cililin Kab. Bandung tea,
> nganteurkeun dana sumbangan Program Paduli Cililin,
> nu alhamdulillah, dugi ka Senen enjing2 kembel dana
> Rp. 3.250.000.-
> >
> >di sumbangkeun ka Posko di lokasi Longsor, Rp.
> 3.000.000.-, sareng kanggo ongkos ojeg ka lokasi
> (tiluan ti parkir mobil, Rp. 45.000). tadina sesana
> kanggo bensin sareng supir, tapi ku si Ua Sas
> diwagel, nya di ka kencleng YP KUSnet keun (Rp.
> 180.000)
> 
> Mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal
> 
> 


=====
@ERN
Eko Ruska Nugraha
http://www.urang-sunda.or.id
http://yp.urang-sunda.or.id
http://bs.urang-sunda.or.id


        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs  
http://hotjobs.sweepstakes.yahoo.com/careermakeover 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Buy Ink Cartridges or Refill Kits for your HP, Epson, Canon or Lexmark
Printer at MyInks.com.  Free s/h on orders $50 or more to the US & Canada.
http://www.c1tracking.com/l.asp?cid=5511
http://us.click.yahoo.com/mOAaAA/3exGAA/qnsNAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke