Kang Tatan, perkawis si kuring keukeuh milih Agum, asana mah teu kaleuleuwihi. Ieu milis teh ngarana masih keneh urangsunda. Lain pan atawa muhamadiyah komo muhamad ali. Asa pantes jeung merenah mun si kuring ngiklankeun oge ngahiap ka sakumna urangsunda dimana bae ayana (nu daek kageuing kituna oge), urang babarengan narekahan sangkan sunda dina sagala widang aya dina kajembaran (maksudna berkembang). Lain wungkul kasenian bin tatakolan, tapi oge jelemana, generasi ngorana. Sumberdayana. Saha nu teu hayang seler masing2 maju?
Naon nu ayeuna kabaca di ieu milis netelakeun, yen US mah enya kitu. Paburencay. Masing-masing. Saluyu jeung karuhun baheula: ngebon di huma masing-masing tea. Haha. US hese jeung henteu ngahijina teh estuning dina urusan nu pangpentingna dina malire nagara (ke heula, nagara teh lain pamarentah wungkul, tapi oge lemah cai jeung rahayatna). Urusan nangtukeun pamingpin. Pantesna urangsunda milih agum, sabab meureun kukitu ge geus nembongkeun kahayang urangsunda milu makalangan di pentas politik nasional sanajan ngan ukur kelas capres, lain kelas pres di ieu nagreg. Oge, saha deui nu rek milih agum ari lain urang sunda mah? HH + AG kaasup paket capres wacapres gurem. Geus tibaheula mula, lengkah politik si kuring mah sok pro nu leutik, nu gurem. beres SMA taun 1986, si kuring aktifis kampung PDI. Harita alesanana teu pira, PDI teh partey gurem, leutik bari teu camperenik. Di bawa ka bale desa ku hansip oge rek di bawa ka koramil, angger we alesan teh nu teu pira kitu, PDI partey gurem. Nya alesan popolitikan mah aya, resep jeung ngidola ka Bung Karno. Bari jeung maca buku Dibawah Bendera Revolusi-na oge teu tamat-tamat da bahasana campuran walanda, teu kaharti. Hahah�ari geus gede siga ayeuna mah, pdip, si kuring pangsiun jadi partisanana. Punten mun kamari-kamari si kuring nyabit2 calon sejen, utamana bisi aya kekecapan nu teu pantes teu merenah. Kabeh oge calon teh alus. Euweuh nu goreng. Da mun goreng mah moal didarukung ku baladna ku parteyna ku rahayat nu milihna. As simple as that. Sakali deui, ieu milis urangsunda. Lain urang aring. Mangga teh teuing bade milih jurig cai oge, da kuring mah teu rugi teu untung. Ngan reueus we mun aya US manggung, mun aya US punjul dina widang masing-masing. Mun bisa mah, hayang mantuan sabisa-bisa. Bisana ayeuna mah ngan kitu. Milih manehna. Sora kuring ngan hiji, moal matak aya perobahan nu atra (signifikan), tapi ku kitu oge si kuring geus bungah, geus boga pamadegan, keukeuh sureukeuh rek milih agum. Salaku kuncen kusnet, kuring boga otoritas ngahideung-bodaskeun kaanggotaan. Bisa ngabanned, remove jeung sajabana ka member nu minculak atawa nu ebreh teu ngabela sunda,urangsunda jeung kasundaan. Tapi moal nepi ka kitu palebah dieu mah, sanajan sok rada nalangsa, urang sunda generasi ayeuna masih keneh aya nu boga adat kitu, teu milu ngabela/milih ku alesan nu beurangan epes meer teu pede khas urangsunda: sabab bisi ngerakeun. Paingan US secara umum moyodox bae�da terus we kitu adatna. Neluh maneh. Haha� milis ieu, oge sunda teh lain nu kuring wungkul. Milis kusnet oge Sunda teh nu sing saha bae nu ngaku dirina, hatena sunda jeung nu hayang sunda maju sarua atawa teu tinggaleun ti batur. si kuring moal pundung atawa ambek mun paket AG eleh. Da urusanana lain meunang eleh, tapi pirage kahayang teh aya US nu makalangan. Peun. Ayeuna urang toong peta kakuatan masing-masing. Ceuk sms, salah saopat tempat nu diharepkeun nyumbang sora ka AG the teu loba, ngan ti jabar, sumut, sulut, sulsel, pedah AG kungsi pangdam wirabuana jeung jabatan sejen dina kadinesan. Tapi di sulsel oge indotim, pasti moal kuat, sabab aya Yusuf Kalla, nu pituin sulsel. Di Sumut, oge diharepkeun, sabab istrina AG (Linda Thaher) urang dinya. Tapi meureun paket sejen oge boga itungan lain. Jateng Jatim, eta mah �kandang� NU, sanajan HH urang NU, sora NU pastina tamplok ka Hasim Muzadi Mega jeung Gus Solah, sabab HH lain urang dinya, tapi urang kalimantan. Komo mun gus dur marentah atawa ngadukung saha. Pastina ditarurut. Di kulawarga tangtara oge tangtara pangsiun, sora AG moal gede, sabab aya jendral sejen dina capres, SBY jeung WTO. HH+AG paket gurem. tapi si kuring keukeuh milih eta, salian ti aya US-na, oge ku guremna. Haha� Hapunten ah si kuring kamana mendi�. mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM ---------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

