--- eko107 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Enya sok tong asa-asa atuh akang we tiheula
> dibalakana, lin akang ge ngiluan diskusi masalah
> capres-cawapres.
He he he, balik Bandung geuning euy. Jigana mah kieu
ieu teh. Ka AG teh lain kurang panuju ku US-na,
pangpangna mah tangtarana. Eta cenah geus pangsiun, ah
da tangtara mah angger we tangtara. Logikana teh kieu
lamun dipingpin ku tangtara, heug engkena ngagalaksak,
hese ngawatesanana. Sabab manehna mah boga bedil tea.
Apan cenah ari kakawasaan teh sok cenderung
disalahgunakeun, ceuk urang sospol mah. Jadi ceuk
kuring mah tangtara mah leuwih hade keur ngajaga
nagara ti pihak luar.
Jadi we tetenjoan teh kabengbat ku AR. Sabab manehna
mah sipil. Atuh ari sipil mah dina ngagalaksak ge,
moal hese teuing ngurusna. Dan ngan boga bedog
pakarangna oge. Salian ti eta tacan kaciri AR teh
condong teuing ja Jawa, sanajan manehna Jawa. Malah
cenah paripolahna teh pan teu ngagambarkeun watek
Jawa.
Kulantaran kitu lamun AR kapilih, jigana moal jadi
panghalang keur ngembangkeun kasundaan mah. Sabab
manehna kungsi aya wacana, RIT teh kumaha mun
difederalkeun cenah. Pan lamun federal mah, otonomi
daerah bakal leuwing berkembang.
Wallahualam.
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/