enya. diskusi. atawa ngadu bako. si kuring mah bako wungkul, teu make cengkeh. da resepna roko bodas.
jejer diskusi politik ieu hiji, milih capres cawapres. eusina: 1. rek milih agum alatan manehna 'wawakil' sunda. alesan emosional, kasukuan, suku cadang oge kaci, primordial, jeung sajabana. 2. baraya sejenna nu embung milih agum alatan alesan masing-masing nu (sigana) miheulakeun inteletektual-objektifna jeung faktor2 trek rekod figur capres wacapres oge platformna. 3.moal milih agum sabab bisi ngerakeun. 4.moal milih agum sabab ngan ukur jadi calon wakil presiden, mun capres mah rek milih 5. hayang milih agum tapi capresna teu resep. 6. moal milih sasaha.da milih cawapres wungkul mah teu kaci. 7. rek milih capres jendral pangsiunan. masing-masing make alesan nu kaharti ku akal. ngan henteu ku lelembutan. ngawadul kitu urang jadi nyaho peta alam pikir urangsunda kiwari, generasi ngora (lolobana baraya KUSnet sigana generasi ngora, kelas menengah). nu jelas, kalolobana US masih make alam pikir kamari-memeh refotnasi: kultur kadaerahan atawa kasukuan ngan ukur ubar waas, beda jeung seler sejen, di alam refotnasi, maranehna mah beuki kuat. lain jang chauvinis, tapi jang ngamajukeun masing-masing seler dina wadah nasional. padahal salah lima tujuan refotnasi teh, nasionalisme nu ngamajukeun kekuatan daerah bin otonomi tea. suku-suku bangsa nu kuat, bakal ngahasilkeun nagara nu kuat. lain sabalikna, nasionalisme/persatuan dan kesatuan kuat, antukna aceh hayang misah da nyeri hate...jeung sajabana. di urang, jabar beuki heureut, aya banten, malah cenah aya bodebek, duka tah cirebon. sanajan teu pati patali jeung kasundaan salaku etnis (da etnisitas mah teu diwatesan ku wilayah propinsial, etnis mah dianggap masalah budaya, ari propinsi mah politik pamarentahan). eh, ieu nyambung teu jeung jejer milih pamingpin nasional? leupas ti urusan atawa alesan sejen, kahayang milu ngamajukeun seler sorangan can nepi ka pikiran kieu: sangkan seler urang teu ngan jadi penonton atawa pelengkap penderita (ceuk elmu bahasa indonesia baheula mah), tapi bisa milu nyumbang tanaga jeung pikiran jang nagara. hese kitu, sabab boga jurus neluh maneh tea, bisi ngerakeun. hehe.... alesan yen bongan agum ngan cawapres, lain capres, sabenerna teu pati kuat, sabab (gampangna we), gambar agum -mun paketna kapilih- angger we napel dina tembok kantor beulah kenca. haha.... >Jigana urang teh kudu ngabiasakeun diskusi teh, ngarah >kaasah pikiran. Pan ceuk Kang Oman mah mateakeun otak >kanan tea cenah. Perkara jeujeurna pulitik teunanaon >atuh, da eta nu keur haneuteun ayeuna. Kumaha US bisa >nanjeurna lamun urang teu biasa diskusi. Jigana lamun >aya seminar rame paguntreng teh jeung batur, piraku US >rek nyumput, da rek ngelmu pare tea. Da elmu pare oge >geuning nu nyongcolang mah aya di tempat kontrakan >Kang Enjang nya. Da maksud kuring mah nu pentingna >lain Capres/Cawapresna. Diskusina, diajar nembrakeun >pamadegan nana. > Mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

