sapuk Mang, ieu milist urang sunda tangtuna urang sunda nu leuwih utama, perkawis bade ngadukung calon nu sanes mangga teuing, nanging langkung sae meningan ngiring milist capres tertentu ----- Original Message ----- From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Cc: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Tuesday, May 25, 2004 1:00 AM Subject: [UrangSunda] keukeuh sureukeuh
> Kang Tatan, perkawis si kuring keukeuh milih Agum, asana mah teu > kaleuleuwihi. Ieu milis teh ngarana masih keneh urangsunda. Lain pan atawa > muhamadiyah komo muhamad ali. Asa pantes jeung merenah mun si kuring > ngiklankeun oge ngahiap ka sakumna urangsunda dimana bae ayana (nu daek > kageuing kituna oge), urang babarengan narekahan sangkan sunda dina sagala > widang aya dina kajembaran (maksudna berkembang). Lain wungkul kasenian > bin tatakolan, tapi oge jelemana, generasi ngorana. Sumberdayana. Saha nu > teu hayang seler masing2 maju? > > Naon nu ayeuna kabaca di ieu milis netelakeun, yen US mah enya kitu. > Paburencay. Masing-masing. Saluyu jeung karuhun baheula: ngebon di huma > masing-masing tea. Haha. US hese jeung henteu ngahijina teh estuning dina > urusan nu pangpentingna dina malire nagara (ke heula, nagara teh lain > pamarentah wungkul, tapi oge lemah cai jeung rahayatna). Urusan nangtukeun > pamingpin. > > Pantesna urangsunda milih agum, sabab meureun kukitu ge geus nembongkeun > kahayang urangsunda milu makalangan di pentas politik nasional sanajan > ngan ukur kelas capres, lain kelas pres di ieu nagreg. Oge, saha deui nu > rek milih agum ari lain urang sunda mah? HH + AG kaasup paket capres > wacapres gurem. Geus tibaheula mula, lengkah politik si kuring mah sok pro > nu leutik, nu gurem. beres SMA taun 1986, si kuring aktifis kampung PDI. > Harita alesanana teu pira, PDI teh partey gurem, leutik bari teu > camperenik. Di bawa ka bale desa ku hansip oge rek di bawa ka koramil, > angger we alesan teh nu teu pira kitu, PDI partey gurem. Nya alesan > popolitikan mah aya, resep jeung ngidola ka Bung Karno. Bari jeung maca > buku Dibawah Bendera Revolusi-na oge teu tamat-tamat da bahasana campuran > walanda, teu kaharti. Hahah.ari geus gede siga ayeuna mah, pdip, si kuring > pangsiun jadi partisanana. > > Punten mun kamari-kamari si kuring nyabit2 calon sejen, utamana bisi aya > kekecapan nu teu pantes teu merenah. Kabeh oge calon teh alus. Euweuh nu > goreng. Da mun goreng mah moal didarukung ku baladna ku parteyna ku > rahayat nu milihna. As simple as that. > > Sakali deui, ieu milis urangsunda. Lain urang aring. Mangga teh teuing > bade milih jurig cai oge, da kuring mah teu rugi teu untung. Ngan reueus > we mun aya US manggung, mun aya US punjul dina widang masing-masing. Mun > bisa mah, hayang mantuan sabisa-bisa. Bisana ayeuna mah ngan kitu. Milih > manehna. Sora kuring ngan hiji, moal matak aya perobahan nu atra > (signifikan), tapi ku kitu oge si kuring geus bungah, geus boga pamadegan, > keukeuh sureukeuh rek milih agum. > > Salaku kuncen kusnet, kuring boga otoritas ngahideung-bodaskeun > kaanggotaan. Bisa ngabanned, remove jeung sajabana ka member nu minculak > atawa nu ebreh teu ngabela sunda,urangsunda jeung kasundaan. Tapi moal > nepi ka kitu palebah dieu mah, sanajan sok rada nalangsa, urang sunda > generasi ayeuna masih keneh aya nu boga adat kitu, teu milu ngabela/milih > ku alesan nu beurangan epes meer teu pede khas urangsunda: sabab bisi > ngerakeun. Paingan US secara umum moyodox bae.da terus we kitu adatna. > Neluh maneh. Haha. > > milis ieu, oge sunda teh lain nu kuring wungkul. Milis kusnet oge Sunda > teh nu sing saha bae nu ngaku dirina, hatena sunda jeung nu hayang sunda > maju sarua atawa teu tinggaleun ti batur. si kuring moal pundung atawa > ambek mun paket AG eleh. Da urusanana lain meunang eleh, tapi pirage > kahayang teh aya US nu makalangan. Peun. > > Ayeuna urang toong peta kakuatan masing-masing. Ceuk sms, salah saopat > tempat nu diharepkeun nyumbang sora ka AG the teu loba, ngan ti jabar, > sumut, sulut, sulsel, pedah AG kungsi pangdam wirabuana jeung jabatan > sejen dina kadinesan. Tapi di sulsel oge indotim, pasti moal kuat, sabab > aya Yusuf Kalla, nu pituin sulsel. Di Sumut, oge diharepkeun, sabab > istrina AG (Linda Thaher) urang dinya. Tapi meureun paket sejen oge boga > itungan lain. Jateng Jatim, eta mah 'kandang' NU, sanajan HH urang NU, > sora NU pastina tamplok ka Hasim Muzadi Mega jeung Gus Solah, sabab HH > lain urang dinya, tapi urang kalimantan. Komo mun gus dur marentah atawa > ngadukung saha. Pastina ditarurut. Di kulawarga tangtara oge tangtara > pangsiun, sora AG moal gede, sabab aya jendral sejen dina capres, SBY > jeung WTO. > > HH+AG paket gurem. tapi si kuring keukeuh milih eta, salian ti aya US-na, > oge ku guremna. Haha. > > Hapunten ah si kuring kamana mendi.. > > > > mj > > http://geocities.com/mangjamal > > > > > > Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM ---------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

