khusus ngeunaan jam karet, ieu memang patali jeung karakter bin watex suratex bangsa. ieu mah asana pamanggih ti pa Dedi Mulyana, doktor komunikasi ti unpad, dosen si kuring oge, aya dina bukuna, Komunikasi Antar Bangsa. eusina kira2 ngeunaan cara komunikasi antar bangsa bari maluruh budaya adat suradat masing2...
JAM KARET Adat ieu patali jeung sikep hirup (pandangan hidup) urang indonesia umumna dina masalah waktu. orientasi urang mah kana waktu teh relatif. hartina teu aya aturan saklek. da ongkoh baheula oge apan (khusus di TS), make istilah wanci. nu hartina sekitar. wanci magrib, nya sakitar magrib. di pasantren oge terus dipake umum, make basa arab, ba'da. sanggeus magrib. ieu waktu pastina teu aya, nempo kana pagawean shalat magrib heula. atawa nempo kaayaan alam. wanci sareupna. wanci janari leutik. sadayana make waktu ancer-ancer atawa sekitar. jadi mun ceuk nu make jam saklek mah tabuh 7, ku urang mah dihartikeun sekitar tabuh 7, bisa 6.30-7.30. goreng? henteu sabenerna mah. mun dipakena jang di lingkungan sabangsa atawa sabudaya (nu sami-sami ngagem konsep waktu relatif). tapi tabrakan jeung budaya bangsa sejen nu beda dina nempo waktu. ceuk batur, salah sahiji ciri modern teh eta, orientasi kana waktu saklek atawa zakelik tea. da modern teh asana, asalna ti kulon barat bule. jadi nepi ka munding bule piaraan kang syam ridwan, arapal yen waktu teh pasti. ieu mah lain soal alus-goreng, tapi ngapalkeun adat, sangkan bisa nyieun solusina. umumna, solusina teh, mere waktu bohong sajam atawa satengah jam, kumaha adat karetna. mun acara ngawitan jam 10, nya dina uleman teh, sebut we jam 9. atawa 9.30, cenah. hehe kolot baheula nu kungsi ngarasakeun didikan walanda, atawa nu kungsi hirup di dunia kulon wetan nu geus maju, nu geus katerap waktu zakelik eta. sok keuheul ka muridna-baturna nu masih keneh make waktu relatif warisan. salah saha? duanana, nu hiji make pola waktu batur nu modern, nu kadua, masih keneh make waktu relatif nu memang budaya urang. salah saratus konci kamajuan di dinya. kudu bisa ngarobah konsep waktu. si Ua Sas mah, tos maju. jangji jam 8, jam 7-an tos sumping...hehe > >2. Budaya Jam Karet >Selain dari beliau saya sudah beberapa kali bertemu dengan orang Asing yang pernah >ke Indonesia ketika saya tanya kebudayaan apa yang menurut anda terkenal dari >Indonesia dengan spontan mereka jawab jam Karet! >Saya tertawa tapi sebetulnya malu dalam hati,Sudah sebegitu parahkah disiplin kita. Mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

