heuheuheu...
janten emut basa PWP batam ngulem warga pasundan nu aya di batam,
supados darongkap disebutkeun dina ulemanana
yen bakal aya Doel Sumbang, Ikke Nurjanah, Alam Mbah Dukun, jsb..
bari jeung kedah bayar tiket 15 rebu,
bari jeung tiluanana teu darongkap, nu aya mung yunita ababil sareng artis cirebonan...hahaha
 
Alhamdulillah...
dugi ka ayeuna pami PWP bade ngayakeun acara deui,
moal palercayaeun deui... hahaha...
kacida ari ngawadul teh euy....
 
Panzi
----- Original Message -----
From: kemurer
Sent: Friday, May 28, 2004 7:22 PM
Subject: Re: [UrangSunda] Re: Indonesia menurut orang Jepang/karet

Mh wrote:

> Keur ngarobah pangaresep kana jam karet, asa teu susah
> carana teh, gampang kacida. Geura sok cobian, ngadamel
> uleman rapat, misalna acarana ngawitan 8. Terus
> pasihan catetan tina uleman teh kieu:
>
>    Sateuacanna acara rapat dikawitan, tabuh 9.00
>    enjing-enjing, tabuh 8.00 bakal aya door-prize,
>    dintawisna: tv, kulkas, jst.
>
> Tong sakali wae kituna teh. Insya Allah tabuh 7.00 oge
> tos seueur nu sumping. Geura sok cobian.
>
> MH
>

Assalamulaikum ww.

Kang MH muhun kedah dikitukeun lamun ngundang US (biasana eta oge)
kaalaman
ku sikuring di dieu, waktos paguyuban masih aktif (ayeuna rada
melempem)..
ampir unggal sasih ngirim undangan, tujuan sina ngiring dongkap
silarturahmi....sareng dongkapna pas waktos supaya teu molor acara.

Nya ditulis dina waktos misal
Dinten / Ping     : Ahad / 30 mei 2004
Jam               : 9.00 siang (padahal ngawitan acara jam 11) tara
ngango WIB bisi jadi Waktu Iraha Bae.
Tempat            : Bumi Ketua Paguyuban

Alhamdulillah osok aya 20 urangmah nyanggut / dongkap..... tapi nya kitu
acara jadi mulai jam 12, padahal undangan tara kurang ti 60 lembar.....
(padahal lamun dijumlah mah aya kana 300 urang anggota) sapalihmah sok
ditelpon wae.(tos untung bari jam karet oge)

Kantos eta oge di usulkeun sugan kudu nganggo Hadiah, tapi can jadi
sabab kudu ngaluarkeun dana deui... padahalmah tos di wartoskeun atanapi
lamun katua masihan wawaran hayu urang kumpul tong ditinggali
kapangkatan pokonamah kedah kumpul sadaya US nu aya didieu, bade tukang
cukur dugi ka gubernur, bade tengjen dugika letjen. Tapi ihhhh
hesssseeeeeeeee. duka kedah kumaha.

Kantos di cobi sugan nganter undangana ku sesepu turun...... ngiring
nguriling, eh angger teu daratang...
Waktu aya acara halal bihalal, ngundang walikota, ustad, muspida. ari nu
di undang eta tos dongkap.... ari wargi-wargi US karek aya panitia
wungkul.....

Duka kudu kumaha carana kuringge bingung....... supaya paguyuban US
didieu siga paguyuban batur kompak...
kenae bari jam karet oge......

salam
hendra


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke