Virus
Virus teh jisim lelembut, nu teu katinggali ku panon
bolostrong. Watekna virus mah parasit, karek bisa
baranahan, anakan sarta incuan, lamun manehna bisa
asup kana sel jisim lain. Kulantaran sakadang virus
teh ngadon megar dina badan batur, da parasit tea,
atuh si inang teh sok terus kabancen panas tiris,
hareeng. Tampolana si inang sok nepi ka parnana, malah
nepi kahanteuna.
Kabehdieunakeun, istilah virus anu asalna ti dunya
kadokteran teh diinjeum ku dunya komputer, keur
ngagambarkeun program komputer anu boga watek jiga
virus. Watekna sarua, virus komputer teh jadi agen
kasakit, sabab baranahan dina lelembutan komputer.
Atuh si komputer sok terus ngadat, kadang-kadang kudu
disesar sagala.
Kiwari, harti yen virus teh program komputer, jigana
leuwih populer tibatan virus teh mahluk leutik agen
panyakit jiga dina kadokteran. Eta we lamun diteangan
di mayapada make gambar lopian, hasilna teh leuwih
loba ngeunaan virus dina harti komputer dibandingkeun
virus dina maksud dunya kadokteran.
Pedah eta virus teh watekna ateul, sok tual-toel, sok
ngaganggu, naha teu aya gunana kitu? Sabenerna mah
disagigireun mamala aya oge gunana. Keur tukang dagang
mah virus teh boga nilai komersil, sabab lamun aya nu
nyieun virus tangtu bakal aya anu nyieun antina. Tah
lamun jiga kitu, bakal jadi lahan dagang. Kitu deui
watek virus teh penting keur juru dawah, juru iklan,
juru jual, juru doktrin, mungkin oge keur juru-juru
anu lianna. Sabab keur maranehna mah gawe utamana taya
lian, kudu bisa mangaruhan umat atawa konsumena.
Supaya jelema teh resep ibadah, kudu diteangan
virusna. Supaya dagangan payu, kudu beunang virusna.
Lamun hayang jati teu kasilih ku junti mah, tah US teh
kudu boga watek jiga virus. Ciwit kulitna batur urang
teh, ngarah katepaan virus Sunda. Ririwaan batur urang
teh, ngarah sieuneun teu diaku Sunda. Sabab lamun geus
lahir jadi Sunda, masing adug-lajer oge moal bisa jadi
Walanda. Bibita batur urang teh, ngarah resepeun kana
kasenian Sunda, kana kacapi, kana suling, jeung
kendang penca. Bibita batur urang teh kana katuangan
Urang Sunda, ngarah kumetap ningali karedok leunca,
lalab pucuk sampeu jeung sambel tarasi dadakan, goreng
jengkol jeung peda beureum.
Wallahualam.
MH
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/