Memang kreatif bangsa urang teh geuningan. Ieu teh
modal gede, keur ngigelan jaman meureun. Nu kapanggih
ku kuring ieu mah, lamun jalan-jalan di singapura
atawa kuala lumpur, asan can manggihan dulur urang anu
wanieun miceun runtah sambarangan, estu tartib
dipiceun kana tempatna. Pedah eta kitu apaleun gede
dendana. Padahal teu saeutik eta dulur urang nu arulin
teh. Tapi lamun geus mulang deui ka lembur mah angger
we miceun runtah di mana wae. Memang kreatif lamun
kitu mah nya.
Kamari mah kabeneran kuring ulin ka kedubes kuala
lumpur, aya urusan. Kaebeneran deuih ku loba pisan
dulur urang nu aya urusan teh. Da eta mah, di
pakarangan loket urusan runtah dimana-mana, kayaning
botol akua, botol pepsi, koran, kantong keresek, jeung
sajabana. Eta pedah apaleun kitu, yen kedubes mah boga
otoritas diplomatik tea, jadi miceun runtah oge moal
didenda.
MH
--- Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> dina perkara jam karet, sapertos e-mail MJ urang
> indonesia anu aya di jepun leres-leres ngalarapkeun
> adatna. upami dina hiji pasamoan aya nu diulem
> urang jepang, sadayana sumping tepat dina waktosna
> ... margi pami teu pas dikantunkeun tea sareng teu
> kabagean konsumsi ...... tapi upami mung urang
> indonesia wungkul teu benten sapertos di indonesia,
> angger jam karetna teh dianggo ..... he .. he ..
> he...
>
> \budhi
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/