Ustadz A jeung Ustadz B, ti baheula boro-boro daek musyawarah, bet ngariung sarohangan oge pajarkeun teh cadu mungkuk haram dempak. Naon sababna ?

Sakaterang kuring, karituna teh jalaran �elmuna� teu sawahangan. Atuh buntu, taya jala jalan pamoncoran. Tapi aneh bin ajaib (carek kuring kitu soteh), kamari kuring nangenan, eta dua Ustadz tea, nu tibareto kawas musuh bubuyutan tea, anu cenah cadu mungkuk sariungan tea, anu cenah haram dempak sarohangan tea, bet ngarendeng leumpang bareng layeut pisan !

Lain teu atoh nenjo kitu kajadian, lain handeueul ku akurna nu duaan, tapi hate heran kacida, naon marga lantaranana ?

Atuh tangtu, kuring turun tuturubun, sirikna teu unggal jalma ditanyaan (eh, bit, teu make �an�, ditalek bae), da nyaeta banget ku hayang nyaho, naon sababna jeung kumaha mimitina. Cing pek teguh ku baraya, naon pijawabeunana ?

Demi jawaban ti unggal jalma anu ku kuring ditalek tea, kabeh sarua, pokna teh  :

�Ih ari manawi teh Bapa uninga, kapan tim sukses .. !�

Ooooooooooo �............ kutan kiiiiiituuuuuu ?


Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke