Haturan Ua Sas..., damang...? Alhamdulillah...bagja jeung reueus lah, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo warga bin baraya anu aya di Mayak. Ua Sas ieu disim abdi tos aya buku ngenaan tatanen (pertanian) sok sanaos mung sakedik sareng terbitan heubeul sareng buku nu sanesna (buku pelajaran SD + majalah). Mung punten teu acan sempet dikintun ka MJ atanapi ka Ua, insya Allah pami teu aya wagelan bade saenggalna dikintunkeun sareng mudah-mudahan tos aya tambihna ti rerencangan anu di UNWIM (Fak. Pertanian).
Cag...ah, hatur nuhun. BM'69 --- In [EMAIL PROTECTED], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > PSK (Pabukon Simpay Katresna) di Mayak, tos dibuka aya kana sapuluh dintena, > saur Aa Dedy nu janten sohibul bet Alhamdulillah rame ku barudak, dinten > dibukana aya 17 jalmi anu jul jol boh sepuh boh barudak, saterasna murudul, > malih kantos dinten dugi ka 60an jalmi. > Aa Dedy ngahaturkeun nuhun ka YP/KUSNET anu tos maparinan jalan kanggo muka > pabukon, saurna ningal barudak maca matak resep mani reang siga nu ngaderes > di Masjid, seueur barudak SD anu naroskeun buku pelajaran. > Supados buku pelajaran SD ulah gaplah, sohibul bet bade naroskeun heula ka > guru SD buku terbitan mana anu dianggo di SD Mayak. > Bilih baraya aya nu bade kontak ka PSK Mayak ieu nomer teleponna : > 0263-335581. > > MSasmita ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

