Wilujeng enjing kang ....!!!, ngagumbirakeun eta wartos perkawis PSK Mayak, kukituna kapayun asa langkung afdol upami YP ngutamikeun ngabuka PSK dikota-kota kacamatan/desa pasisian !!!.
Mangga kapayuna dirarancang deui, kanggo ngabuka PSK sanesna, upami tiasa mah ditargetkeun dina lebet sataun, YP tiasa ngabuka dua atanapi tilu PSK.
Bray..bray....!! sinar YP/KUSNET gumebyar lir alam sinangling, ngagebray kapadesaan ngagebur kalembur-lembur !!!!.
Mangga lajengkeun !!
Pihatur
SSW
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
PSK (Pabukon Simpay Katresna) di Mayak, tos dibuka aya kana sapuluh dintena, saur Aa Dedy nu janten sohibul bet Alhamdulillah rame ku barudak, dinten dibukana aya 17 jalmi anu jul jol boh sepuh boh barudak, saterasna murudul, malih kantos dinten dugi ka 60an jalmi.Aa Dedy ngahaturkeun nuhun ka YP/KUSNET anu tos maparinan jalan kanggo muka pabukon, saurna ningal barudak maca matak resep mani reang siga nu ngaderes di Masjid, seueur barudak SD anu naroskeun buku pelajaran.Supados buku pelajaran SD ulah gaplah, sohibul bet bade naroskeun heula ka guru SD buku terbitan mana anu dianggo di SD Mayak.Bilih baraya aya nu bade kontak ka PSK Mayak ieu nomer teleponna : 0263-335581.MSasmita
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

