Wilujeng Ua Sas, mudah-mudahan sukses tah program
ningkatkeun minat maca teh. Lamun inohong US, - anu
buga harta, boga pangabisa, boga pangawewruh, oge boga
pangaruh - boga pamadegan jiga Ua Sas, Insya Allah aya
harepan lembur urang teh.
Kumaha upami kuring usul, muka PSK di lembur kuring,
di Garut geura. Ninggalian di situs YP asana teu acan
aya tah di Garut mah nya. Lamun sapuk mah sugan engke
didongengkeun jeung Adi Kuring di lembur.
Puguh ide pabukon keur urang lembur teh, geus lila
kaimpikeun ku kuring. Ngan can kalaksanakeun. Sugan we
atuh ku YP tiasa kalaksanakeun.
Baktos,
MH
--- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> PSK (Pabukon Simpay Katresna) di Mayak, tos dibuka
> aya kana sapuluh dintena, saur Aa Dedy nu janten
> sohibul bet Alhamdulillah rame ku barudak, dinten
> dibukana aya 17 jalmi anu jul jol boh sepuh boh
> barudak, saterasna murudul, malih kantos dinten dugi
> ka 60an jalmi. Aa Dedy ngahaturkeun nuhun ka
> YP/KUSNET anu tos maparinan jalan kanggo muka
> pabukon, saurna ningal barudak maca matak resep mani
> reang siga nu ngaderes di Masjid, seueur barudak SD
> anu naroskeun buku pelajaran. Supados buku pelajaran
> SD ulah gaplah, sohibul bet bade naroskeun heula ka
> guru SD buku terbitan mana anu dianggo di SD Mayak.
> Bilih baraya aya nu bade kontak ka PSK Mayak ieu
> nomer teleponna :
> 0263-335581.
>
> MSasmita
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/