Baraya,

Jero saminggu ieu, aya dua informasi (hehehe "informasi", siga dina 
presentasi MLM bae) anu kungsi kailo ngeunaan "dunia lain" atawa 
alam gaib anu lumayan rada ngagetkeun lelembutan jeung pikiran. Dua-
duana pakait jeung teknik, teknologi atawa cara anu "bisa 
dipelajari". Anu kahiji, ngeunaan teknik ngahadirkeun "dunia lain" 
anu acarana akhir-akhir ieu keur maceuh dina TV, masyhur 
salaku "penampakkan" tea; sedeng nu kadua teknologi anti teluh.

1. Tekni Anyar "Penampakkan"

Saminggu ka tukang, keur di jajalaneun ka Bandung-keun dina kareta 
api, si kuring wawawuhan jeung hiji nonoman padamel hiji bank di 
Jakarta. Mimiti na mah biasa bae, di restorasi KA anu sok dijadikeun 
tempat miceuh kabosen di jajalaneun bari ngopi jeung ngaroko teh, 
sok pirajeunan ngobrol. Anu diajak ngobrol teh tara dipilah-pilah, 
saha bae anu aya di dinya, ti mimiti padamel restorasi, patugas KA 
sejenna oge sasama panumpang anu los ka dinya kalawan maksud anu 
sigana mah teu pati beda jeung sorangan. Diantara anu miluan ngobrol 
anu teu puguh alang-ujurna teh nya nonoman padamel bank anu kasebut 
di luhur, sebat bae namina Hadi.

Obrolan teh mimitina mah biasa bae soal politik, khususna pamilihan 
presiden tea. Teuing kumaha mimitina, lila-lila jejer obrolan teh 
los kana soal penampakkan jeung dunia gaib. Kang Hadi, anu nalika 
obrolan masih soal politik jeung kahirupan sapopoe mah teu pati 
ngahaminan, ujug-ujug muka cariosan. Saur anjeunna, kapayun, cara-
cara "penampakkan" dina acara  "uji nyali", "dunia lain", jeung 
sabangsana anu ayeuna rame di tv, baris robah "format" pintonanna. 
Kang Hadi ngajelaskeun leuwih jauh waktu ditanya ngeunaan non anu 
dimaksud robah format pintonan teh, yen engke mah anu mawa eta acara 
anu kasebut di luhur heunteu kudu hese cape neangan tempat anu 
angker pikeun ngintip "penampakkan". Anu jadi marga lantaran teu aya 
sanes, yen "penampakkan" bisa dilakukeun dimana bae, boh di nu 
angker atawa di nu rame, asal aya bae jalmina anu tiasa 
ngalakukeunna. "...jeung, ayeuna geus aya jalmi-jalmi anu bisa 
ngalakukeun sarupa kitu teh", saur anjeuna nandeskeun.

Barang miresep katerangan Kang Hadi sarupa kitu, atuh rob bae anu 
ngawarangkong aya kana limaaanna di restorasi teh kabeh manco ka 
anjeunna, miharep dadaran leuwih jauh ti anjeunna ngeunaan "tukang 
penampakkan". "Dongeng" Kang Hadi saterasna teh ringkesna kieu:
"Ayeuna geus aya jelema-jelama, malah kuring wawuh pisan ka 
aranjeunna jeung geus nyaksina kalawan direkam (rekamanna aya di 
rorompok) gawe aranjeunna, anu tiasa ngahadirkeun makhluk-makhluk 
gaib. Enya makhluk-makhluk sarupaning kuntilanak, genderuwo, jin, 
jeung sabangsana. 

Carana, urang kumpul di hiji tempat, anu sayogi nyaksian ngariung, 
terus eta jalma pinter teh nyieun wates sarupa pakalangan, terus 
wajah urang diusap atawa salaha sahiji anggota badan urang ditepak 
ku anjeunna. Teu lila urang baris nyaksian eta makhluk-makhluk gaib 
anu disebut di luhur.

Basa kuring nyaksian hiji acara penampakkan sarupa kitu, ey mani 
muringkak bulu punduk. Enya atuda atra katingal, kumaha anu disebut 
kunti, kumaha anu disebut genderuwo, jsb. Salila acara eta 
dilaksanakeun teh anu miluan nyaksian teu meunang kaluar tina 
pakalangan anu geus ditangtukeun, sabab bisi jadi sasaran "balas 
dendam" makhluk ghaib anu di luar, anu kasedot ku tanaga jalmi 
pinter tadi, tapi teu bisa asup. Teu bisa asupna teh bisa kulantaran 
tanaga jalmi pinter teu cukup, da geus loba teuing dipake ngasupkeun 
baturna ka pakalangan, bisa oge kulantaran tempat pakalangan teh 
pinuh teuing. Sabenerna, maranehna teh eraan jeung arembungeun 
nembongan ka manusa, ngan kakuatan ti jelema pinter anu ngondang teu 
bisa kaungkulan ku maranehna". Kitu ceuk Kang Hadi dina dadaranna 
panjangna ngeunaan teknik anyar penampakkan.

"Kahareup, acara-acara sarupa kitu baris tambah maceuh, sabab kacida 
matak pikauruyeunna pikeun ahli acara pintonan tv mah. Rekaman 
acara "teknik anyar penampakkan" sarupi anu aya dina CD di rorompok, 
sigana moal lila deui baris kasaksian ku urang dina tv", ceuk Kang 
Hadi mungkas caritana. 

Samemeh papisah di statsiun Bandung, si kuring kungsi tetelepek 
ngeunaan dimana jeung kumaha carana nyangking kamampuan ngondang 
makhluk gaib anu dicaritakeun tadi. Anjeunna heunteu tiasa 
nerangkeun panjang lebar da puguh samporet ku waktu, ngan ringkesna, 
bisa ditalungtik jeung aya metodena. "Mataholangna, urusan ngatur 
nafas"!, ceuk Kang Hadi bari ngasongkeun kartu nami jeung terus 
gugupay tanda menta papisah.

Sajajalan ti statsiun ka imah, si kuring nginget caritaan Kang Hadi 
tadi di KA. Ras inget "dongeng" kiayai ngeunaan jalmi anu 
bisa "nembongkeun" naon rupi titingalian ku cara ngusap wajah urang. 
Enya, siga riwayat Imam Ja'far anu ngusap raray sahabatna anu harita 
eta sahabatna teh keur nyaksian rebuan jama'ah haji thowaf, nyaksian 
kalayan gede hate ngarasa loba pisan ummat Islam anu sholeh keur 
ngalaksanakeun ibadah haji. Barang satutasna diusap raray, ngadadak 
anu katingal noyek keur thowaf sabudeureun ka'bah ku sahabat Imam 
Ja'far teh lain manusa, balikta rupa-rupa sasatoan kayaning monyet, 
(punten) anjing, babi, ajag, jeung sabangsana. Wallohu 'alam.  


2. Teknologi Anti Teluh

Anu ieu mah minangka ringkesan pintonan acara salah sahiji statsiun 
tv tadi peuting, ngeunaan salah saurang sarjana ti kampus cap gajah 
anu nyiptakeun alat "penangkal" teluh. Eta alat geus dipake ku salah 
saurang pangusaha garmen kalawan hasil. Engke deui bae atuh 
dongengna mah, bisi kapanjangan teuing. Anu jelas, sakumaha tadi 
peuting dina tv, eta alat teh lain alat samanea jeung lain ti dukun, 
tapi hasil ngamekarkeun pangaweruh jeung teknologi anu ngawengku 
rumus "Relativitas Einstesin" sagala.

Cag.

Baktosna,
manAR 


 













 

 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke