--- o_arahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Carana, urang kumpul di hiji tempat, anu sayogi > nyaksian ngariung, terus eta jalma pinter teh nyieun
> wates sarupa pakalangan, terus wajah urang diuap > atawa salaha sahiji anggota badan urang ditepak ku > anjeunna. Teu lila urang baris nyaksian eta > makhluk-makhluk gaib anu disebut di luhur. > Tehnik jiga ieu ku kuring pernah dicoba, baheula jaman sakola di bandung, tahun 80-an. Carana da teu hese, gampang kacida. Saratna sadiakeun cai sabaskom jeung rampe, sabangsa kekembangan. Harita kuring ngajak batur sakola, aya puluhna urang, awewe lalaki, ngadon kemping di pucak gunung talagabodas, garut. Babaturan teh aya urang Cirebon, Ciamis, Cijulang, Tasik, Garut, Bandung, Sumedang, malah urang Banten oge aya. Tengah peuting ku kuring babaturan teh ditanya, "Hanyang nyaho rupa 'budak hideung' teu?" Aya hayang aya nu sieun. Kulantaran lobaan akhirna nu sieun jadi wani, kabeh satuju rek ngayakeun acara 'Ninggali Budak Hideung'. Apan budak hidueng teh salah sahiji jenis bangsa jurig dina mistik urang sunda. Nya kuring pisan anu jadi 'dukun'na teh. Carana kieu: Eta batur kuring teh sina ngalingkung kabeh dina tenda. Terus kuring nyadiakeun cai dina baskom, bari dijampean jiga nu enya. "Lanatera pareuman!" ceuk kuring teh, da 'budak hideung' na bisi eraeun. Saterusna nu ngariung teh sina tahlilan, "Laillaha Illaloh', terus we kitu jeung kitu meunang sababaraha balikan mah. "Ieu baskom kurilingkeun, tampanan ku dua leungeun!" ceuk kuring teh. Terus dibejaan kieu, "Lamun geus nampa baskom, saentasna baskom dibikeun ka nu gigireun, kudu ngusap beungeut!" Kabeh narurut, da puguh panitah 'dukun' tea atuh. Sajeroning tahlilan, bari ngurilingkeun baskom, ku kuring ditanya, "Geus ka tinggali acan budak hideungna?" "Acan euy!", cenah jawabna teh. "Teruskeun nepi sababaraha balikan mah!" ceuk kuring teh. Tapi tacan kapanggih wae eta budak hideung teh. "Ke tungguan!" tembal kuring. Terus kuring ngahurungkeun lantera. Barang bray kacaangan lantera, "Tinggali ka kenca katuhu geura, eta budak hideungna!" ceuk kuring teh. Da eta mah, ari geur teh ribut, pating koceak silih tunjuk jeung baturna. Eta budak hideung teh aya gigireunana, nyeta baturna tea. Sabab beungeutna pinuh ku mehong, jiga budak hideung. Ngan kuring nu teu mehongan teh, da dukunna, apan tadi eta bujur baskom teh memeh dipake, dipulas heula ku mehong jeung minyak kalapa. Atuh kuring pada ngudag-ngudag tengah peuting. Tah kitu cara 'ngundang budak hideung' teh. He he he. MH __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

