Jelema sieun ku jurig eta mah biasa. Tapi lamun jurig
sieuneun ku jelema, tangtu aya kasang tukangna.
Jigana jelema sieun ku jurig teh geues lain jamanna
ayeuna mah. Geura we titenan postingan Kang Oman,
cenah di urang keur rame aya acara dina TV, kumaha
cara-carana ninggali jurig teh. Tetela teu saeutik
peminatna teh. Malah dina TV tatangga mah, acara
samodel kieu teh geus jadi salah sahijni 'produk'
paket wisata. Ari biasana pan paket wisata teh sok
ngajual kaendahan alam pantai, alam pagunungan,
tempat-tempat anu boga ajen sajarah, jeung sajabana.
Ayeuna tetela alam gaib oge geus jadi paket wisata.
Salah sahiji stasiun TV tatangga ngayakeun produk
wisata nu rada mahiwal, nyaeta jiga nu keur rame
ayeuna di urang. Eta paket teh nawarkeun acara wisata
ka tempat-tempat nu dianggap angker, jiga astana cina,
astana walanda. Tah pemendu wisatana teh di baturan ku
dukun. Tetela loga geuning peminatna teh. Majar teh
sieun tapi geuning loba peminatna nya.
Kuring jadi inget kana rumus aljabar salah saurang
ustaz, anu kawentar baheula di urang. Rumusna teh
cenah kieu: Aya saurang jelama anu borangan. Lamun
saurang jelema borangan ditambah jeung saurang deui
jelama borangan jadi naon? Jawabanna teh cenah, lain
jadi dua jelema borangan, tapi jadi dua jelema wanian.
Tuh pan kapanggih we ayeuna mah, tetela jelema mah
lamun lobaan anu asalna borangan teh jadi wanian.
Yen jurig ayeuna mah nu sieun ku jelema, kieu kasang
tukangna. Ieu kaalaman ku kuring sorangan. Baheula
keur leutik di lembur, tahun 70-an, anu disebut
astana, muara walungan gade, kai caringin atawa kiara
gede anu bala, pohara pisan dipikasieuna ku urang
lembur. Sabab ti leuleutik ari ngarepehan budak ceurik
teh sok disingsieunan ku Embah Jamrong. Arang langka
anu daek ngulampreng peuting-peuting ka Astana.
Ari kapaksa-paksa teuing ngaliwat astana, rek ka pasar
janari misalna, babacaanana oge mani loba. Budak sok
diwanti-wanti, "Ulah ngalieuk ka tukang siah, bisi
komaonam!" cenah.
Eta kasieun masyarakat ku jurig teh dak dumadak sirna
dina akhir 70-an awal 80-an. Ari sababna teu sapira,
nyaeta aya 'jurig anyar' - nalo, kode buntut tea. Ku
ayana 'sihir' sakadang nalo mah, tetela kasieun jelema
ku jurig teh geus eleh ku kahayang anu gede naker
meunang nomoer anu jitu. Ti saprak harita
tempat-tempat anu dianggap sanget teh, ayeuna mah geus
jadi jalan lalar-liwat jelema.
Jadi tetela kahayang anu gede bisa ngelehkeun kasieun
anu nyangkaruk mang taun-taun dina kahirupan urang
lembur.
Tah lamun bener US hayang nanjeur mah, kudu bisa
ngelehkeun kasieun, kaceuceub kana urusan pulitik. Da
euweuh jalan lain jigana. Ulah olohok sanggeus
kajadian wawakil urang di lembur urang teh, tetela
cenah ngan sakitu persen geuning.
Wallahualam.
MH
--- durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> bagja? iih. Ambdimah alim pendak jeung nu kitu teh.
> Ih...seiun.
> Coba wae atuh ku akang bayangkeun misalna, misal ieu
> mah, tengah peuting sepi jepling.
> Jelma tos sarere sadaya. Sakapeng mah ti kajauhan
> kadangu anjing anu babaung.
> Terus abdi hayang kacai. Nya...koloyong wa abdi teh
> kacai bari
> rada sieun oge bilih kumaonam di cai teh
> aya.....ayah...mahluk ti alam lain..
> Si kuring leumpang lalaunan ka arah kamar kecil anu
> lokasina teh aya di tukang deukeut dapur (pawon).
> Tos nepi ka pawon katingali kamar mandi pantona
> nutup. Lalauna panto kamar mandi
> di buka. Karek dibuka saeutik sreng ka ambeu bau
> kembang malati meni seungit naker.
> Pantu dibuka leuwih geda.
> Na...atuh barang di buka teh kasampak di kamar mandi
> aya istri (awewe) make anggoan gaun warna bodas,
> rambutna panjang terurai awut-awutan. matana semu
> anu beurum. Kuer ucang-ujang disisi
> bak mandi bari nyerengah ka abdu nembongkeun
> sihungna anu parangjang.
> Hi.......
>
> Kuring percaya aya mahluk gaib sabangsaning jurig,
> genderowo, kalong wewe, tapi amun kudu katimu
> mah....
> Ih...alim, ah.
>
> Wasalam,
> DURAHMAN
> ----- Original Message -----
> From: Endang Tatan
> To: [EMAIL PROTECTED]
> Sent: Friday, June 18, 2004 2:50 PM
> Subject: RE: [UrangSunda] Teknik Anyar
> "Penampakkan" jeung Anti Teluh
>
>
> duh bagja nya mama mah parantos tiasa ningali ka
> alam Ghaib...
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail is new and improved - Check it out!
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/