Innalillahi wa inailaihi roji'un...
Mudah-mudahan almarhumah dihapunten dosana, ditampi
amal ibadahna, sarta kulawargi nu dikantun dipaparin
kaiatan lahir sareng batin. Amin.

Salam,
MH

--- Kenzi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Innalillahi wa inailaihi roji'un...
> 
> Ngiring bela sungkawa ku pupusna Hj. Eruk Rukmini
> (rakana kang yaya),
> mugia amal ibadahna ditampi disisi Allah SWT,
> 
> Panzi
>   ----- Original Message ----- 
>   From: Rukayadi Yaya 
>   To: [EMAIL PROTECTED] 
>   Cc: [EMAIL PROTECTED] 
>   Sent: Monday, July 19, 2004 11:06 AM
>   Subject: [UrangSunda] Neda pidu'ana, hatur nuhun.
> 
> 
>   Meunang dua minggu di Korea ngecrek bae, kakara
> poe
>   ieu panon poe beunta.
> 
>   Malem Saptu teh teu mondok pisan, ngarengsekeun
> slides
>   pikeun seminar jeung ngarengsekeun eksperiment.
> Jam 6
>   isuk poe Sabtu kakara balik ka panganjrekan,
> sanggeus
>   baras-beres, dug sare, panto kamar teh "asanamah"
>   dijeklekeun, da hayang sare nu nu tumaninah,
> kira-kira
>   tabuh salapan korejat hudang, hudang soteh
> lantaran
>   kadenge panto kamar teh aya nu mukakeun, eh..enya
>   geuningan geus muka, hujan anger ngecrek, yakin
> euweuh
>   sasaha. Boga rasa yen lanceuk keur gering parna,
> cenah
>   sok aya kila-kila, terus kuring nelpon ka Bandung.
> 
>   Ceuk Ema (pun biang), bari dareuda, yen Euceu teh
> geus
>   parna pisan, malah ceuk Doktermah panon jeung
> ceuli
>   geus teu "gawe". Peutingna malem minggu nelpon
> deui,
>   teu kungsi nyarita jeung Ema ngan jeung alo bae,
> cenah
>   Ema mah nuju netepan, Euceu teh cenah parna pisan.
> 
>   Isukna poe Minggu, nelpon deui, telpon di Bandung
> teh
>   sibuk, teu bisa kontak. Nya kapopohokeun rek
> nelpon
>   teh, sabab di Seoul aya "murder" pembunuhan ku
> salah
>   sahiji jalma nu boga panyakit sakalor, korbanna 26
>   urang, 10 korban di ruang ditukangeun paguron
> tempat
>   kuring gawe. Malem Senen loba babaturan, atuh
>   kapopohokeun deui bae nelpon teh, aeh kungsi
> nelpon
>   sakali tapi keur sibuk deui bae.
> 
>   Tadi isuk kuring nelpon, Ema dareuda, "Yaya Euceu
> teh
>   geus ninggalkeun kamari subuh, layonna geus geus
>   dikurebkeun di lemur urang di Situraja, Sumedang".
> 
>   Bulan kamari kuring ka Bandung, nepungan Euceu
> harita
>   keur koma, basa kuring di Bandung, Euceu kungsi
> sadar,
>   kungsi ngobrol silih lubarkeun kasalahan,
>   hahampuraan,.....basa ninggalkeun Bandung hate asa
>   balungbang timur. Tapi basa nguping Ema dareuda,
> hate
>   bet ngarakacak. Sugan teh hate rek kuat, anger bae
>   ngaleketey, Innalillahi wainnaillaihi rojiun.
>   Kadeudeuh kuring jeung pangdo'a keur Eceu, Hj.
> Eruk
>   Rukmini.
> 
>   Neda sih pidu'ana, hatur nuhun, amin.
> 
>   Tungtung Seoul,
>   Yaya Rukayadi
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 



                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Vote for the stars of Yahoo!'s next ad campaign!
http://advision.webevents.yahoo.com/yahoo/votelifeengine/



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke