Innalillahi Wa ina Ilaihi rojiun.. Sim kuring sakulawargi ngiring bela sungkawa, Mugia Rakana Kang Yaya nyaeta, Hj. Eruk Rukmini teh sing ditampi sagala amal Ibadahna, dicaangkeun alam kuburna, dihapunten kana sagala dosa perdosana, Sareng Mugia nu ditinggalkeunana sing nga-ikhlaskeun, sing aya dina kasabaran tur katabahan.. Aamin ya robbal alamiin..
Salam Ridwan + Anti + Luthfi -----Original Message----- From: Rukayadi Yaya [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Monday, July 19, 2004 11:06 AM To: [EMAIL PROTECTED] Cc: [EMAIL PROTECTED] Subject: [UrangSunda] Neda pidu'ana, hatur nuhun. Meunang dua minggu di Korea ngecrek bae, kakara poe ieu panon poe beunta. Malem Saptu teh teu mondok pisan, ngarengsekeun slides pikeun seminar jeung ngarengsekeun eksperiment. Jam 6 isuk poe Sabtu kakara balik ka panganjrekan, sanggeus baras-beres, dug sare, panto kamar teh "asanamah" dijeklekeun, da hayang sare nu nu tumaninah, kira-kira tabuh salapan korejat hudang, hudang soteh lantaran kadenge panto kamar teh aya nu mukakeun, eh..enya geuningan geus muka, hujan anger ngecrek, yakin euweuh sasaha. Boga rasa yen lanceuk keur gering parna, cenah sok aya kila-kila, terus kuring nelpon ka Bandung. Ceuk Ema (pun biang), bari dareuda, yen Euceu teh geus parna pisan, malah ceuk Doktermah panon jeung ceuli geus teu "gawe". Peutingna malem minggu nelpon deui, teu kungsi nyarita jeung Ema ngan jeung alo bae, cenah Ema mah nuju netepan, Euceu teh cenah parna pisan. Isukna poe Minggu, nelpon deui, telpon di Bandung teh sibuk, teu bisa kontak. Nya kapopohokeun rek nelpon teh, sabab di Seoul aya "murder" pembunuhan ku salah sahiji jalma nu boga panyakit sakalor, korbanna 26 urang, 10 korban di ruang ditukangeun paguron tempat kuring gawe. Malem Senen loba babaturan, atuh kapopohokeun deui bae nelpon teh, aeh kungsi nelpon sakali tapi keur sibuk deui bae. Tadi isuk kuring nelpon, Ema dareuda, "Yaya Euceu teh geus ninggalkeun kamari subuh, layonna geus geus dikurebkeun di lemur urang di Situraja, Sumedang". Bulan kamari kuring ka Bandung, nepungan Euceu harita keur koma, basa kuring di Bandung, Euceu kungsi sadar, kungsi ngobrol silih lubarkeun kasalahan, hahampuraan,.....basa ninggalkeun Bandung hate asa balungbang timur. Tapi basa nguping Ema dareuda, hate bet ngarakacak. Sugan teh hate rek kuat, anger bae ngaleketey, Innalillahi wainnaillaihi rojiun. Kadeudeuh kuring jeung pangdo'a keur Eceu, Hj. Eruk Rukmini. Neda sih pidu'ana, hatur nuhun, amin. Tungtung Seoul, Yaya Rukayadi __________________________________ Do you Yahoo!? Vote for the stars of Yahoo!'s next ad campaign! http://advision.webevents.yahoo.com/yahoo/votelifeengine/ Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Sponsor ADVERTISEMENT <http://us.ard.yahoo.com/SIG=129ikla70/M=295196.4901138.6071305.3001176/ D=groups/S=1705013556:HM/EXP=1090296373/A=2128215/R=0/SIG=10se96mf6/*htt p://companion.yahoo.com> click here <http://us.adserver.yahoo.com/l?M=295196.4901138.6071305.3001176/D=group s/S=:HM/A=2128215/rand=757767033> _____ Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]> * Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/> . ______________________________________________________________________ This email has been scanned by the MessageLabs Email Security System. For more information please visit http://www.messagelabs.com/email ______________________________________________________________________ [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

