Innalilahi wa inna ilaihi rojiun, mugia Almarhumah ditampi sagalarupi amal hadena, sarta dihampunten sagala kakiranganana Amiiin. ----- Original Message ----- From: "Rukayadi Yaya" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Cc: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Monday, July 19, 2004 11:06 AM Subject: [UrangSunda] Neda pidu'ana, hatur nuhun.
> Meunang dua minggu di Korea ngecrek bae, kakara poe > ieu panon poe beunta. > > Malem Saptu teh teu mondok pisan, ngarengsekeun slides > pikeun seminar jeung ngarengsekeun eksperiment. Jam 6 > isuk poe Sabtu kakara balik ka panganjrekan, sanggeus > baras-beres, dug sare, panto kamar teh "asanamah" > dijeklekeun, da hayang sare nu nu tumaninah, kira-kira > tabuh salapan korejat hudang, hudang soteh lantaran > kadenge panto kamar teh aya nu mukakeun, eh..enya > geuningan geus muka, hujan anger ngecrek, yakin euweuh > sasaha. Boga rasa yen lanceuk keur gering parna, cenah > sok aya kila-kila, terus kuring nelpon ka Bandung. > > Ceuk Ema (pun biang), bari dareuda, yen Euceu teh geus > parna pisan, malah ceuk Doktermah panon jeung ceuli > geus teu "gawe". Peutingna malem minggu nelpon deui, > teu kungsi nyarita jeung Ema ngan jeung alo bae, cenah > Ema mah nuju netepan, Euceu teh cenah parna pisan. > > Isukna poe Minggu, nelpon deui, telpon di Bandung teh > sibuk, teu bisa kontak. Nya kapopohokeun rek nelpon > teh, sabab di Seoul aya "murder" pembunuhan ku salah > sahiji jalma nu boga panyakit sakalor, korbanna 26 > urang, 10 korban di ruang ditukangeun paguron tempat > kuring gawe. Malem Senen loba babaturan, atuh > kapopohokeun deui bae nelpon teh, aeh kungsi nelpon > sakali tapi keur sibuk deui bae. > > Tadi isuk kuring nelpon, Ema dareuda, "Yaya Euceu teh > geus ninggalkeun kamari subuh, layonna geus geus > dikurebkeun di lemur urang di Situraja, Sumedang". > > Bulan kamari kuring ka Bandung, nepungan Euceu harita > keur koma, basa kuring di Bandung, Euceu kungsi sadar, > kungsi ngobrol silih lubarkeun kasalahan, > hahampuraan,.....basa ninggalkeun Bandung hate asa > balungbang timur. Tapi basa nguping Ema dareuda, hate > bet ngarakacak. Sugan teh hate rek kuat, anger bae > ngaleketey, Innalillahi wainnaillaihi rojiun. > Kadeudeuh kuring jeung pangdo'a keur Eceu, Hj. Eruk > Rukmini. > > Neda sih pidu'ana, hatur nuhun, amin. > > Tungtung Seoul, > Yaya Rukayadi > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Vote for the stars of Yahoo!'s next ad campaign! > http://advision.webevents.yahoo.com/yahoo/votelifeengine/ > > > > > Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

