Kanggo kang Yaya sakulawargi.
Inalillahi waina ilaihi rojiun.
mudah mudahan raka kang yaya di tampi iman
islamna.sareng di caangkeun di alam kuburna,di
hapunten sagala dosana,oge di bukakeun pintu surga
kanggo anjeuna.
kanggo kulawargi anu di kantunkeun,sing di paparin
kakiatan,nampi iyeu cobian.amien.....

wassalam
Nety sakulaqwargi
 
-- Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Meunang dua minggu di Korea ngecrek bae, kakara poe
> ieu panon poe beunta.
> 
> Malem Saptu teh teu mondok pisan, ngarengsekeun
> slides
> pikeun seminar jeung ngarengsekeun eksperiment. Jam
> 6
> isuk poe Sabtu kakara balik ka panganjrekan,
> sanggeus
> baras-beres, dug sare, panto kamar teh "asanamah"
> dijeklekeun, da hayang sare nu nu tumaninah,
> kira-kira
> tabuh salapan korejat hudang, hudang soteh lantaran
> kadenge panto kamar teh aya nu mukakeun, eh..enya
> geuningan geus muka, hujan anger ngecrek, yakin
> euweuh
> sasaha. Boga rasa yen lanceuk keur gering parna,
> cenah
> sok aya kila-kila, terus kuring nelpon ka Bandung.
> 
> Ceuk Ema (pun biang), bari dareuda, yen Euceu teh
> geus
> parna pisan, malah ceuk Doktermah panon jeung ceuli
> geus teu "gawe". Peutingna malem minggu nelpon deui,
> teu kungsi nyarita jeung Ema ngan jeung alo bae,
> cenah
> Ema mah nuju netepan, Euceu teh cenah parna pisan.
> 
> Isukna poe Minggu, nelpon deui, telpon di Bandung
> teh
> sibuk, teu bisa kontak. Nya kapopohokeun rek nelpon
> teh, sabab di Seoul aya "murder" pembunuhan ku salah
> sahiji jalma nu boga panyakit sakalor, korbanna 26
> urang, 10 korban di ruang ditukangeun paguron tempat
> kuring gawe. Malem Senen loba babaturan, atuh
> kapopohokeun deui bae nelpon teh, aeh kungsi nelpon
> sakali tapi keur sibuk deui bae.
> 
> Tadi isuk kuring nelpon, Ema dareuda, "Yaya Euceu
> teh
> geus ninggalkeun kamari subuh, layonna geus geus
> dikurebkeun di lemur urang di Situraja, Sumedang".
> 
> Bulan kamari kuring ka Bandung, nepungan Euceu
> harita
> keur koma, basa kuring di Bandung, Euceu kungsi
> sadar,
> kungsi ngobrol silih lubarkeun kasalahan,
> hahampuraan,.....basa ninggalkeun Bandung hate asa
> balungbang timur. Tapi basa nguping Ema dareuda,
> hate
> bet ngarakacak. Sugan teh hate rek kuat, anger bae
> ngaleketey, Innalillahi wainnaillaihi rojiun.
> Kadeudeuh kuring jeung pangdo'a keur Eceu, Hj. Eruk
> Rukmini.
> 
> Neda sih pidu'ana, hatur nuhun, amin.
> 
> Tungtung Seoul,
> Yaya Rukayadi
> 
> 
>               
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Vote for the stars of Yahoo!'s next ad campaign!
>
http://advision.webevents.yahoo.com/yahoo/votelifeengine/
> 
> 
> 
> ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor
> --------------------~--> 
> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
>
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
>
--------------------------------------------------------------------~->
> 
> 
> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
>  
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
>     [EMAIL PROTECTED]
> 
>  
> 
> 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke