Nyobian Wacana Ilmiah dina Basa Sunda :

 Teori Sagala Rupa

Ngilo buku "The Teori Of Everything' na Stehpen Hawking, anu mangrupakeun kuliah 7 bagian anu dibukukeun. Ngagambarkeun ngeunaan asal-usul jeung kamusnahan alam anu dipikir sacara logikana  Stephen Hawking.

Fisika teh cenah mah tos dugi ka tungtungna numutkeun pakar Fisika, naha enya? Sabab manusa teh geus nepi kana tungtung elmu Fisika anu tos gaduh sagala teori sareng elmu Fisika tos kacangking. Komo ku anu palalinter mah. Seueur teori-teori Fisika ti Zaman Fisika klasik jiga Teori gravitsi Newton  nepi ka zaman Teori Fisika Modern ayeuna, conto Teori anu teu pasti(mekanika qantum) Heisenberg, Teori Big Bang-Hawking sareng lianna.

Stephen Hawking teh tos mikirkeun asal usul kajadian alam ieu kirang langkung 30 tahun. Mikiran alam sareng kumaha kajadianana anu sakieu ageungna cenah mah bakal mawa kana pikiran urang ngobet kana �pikiran Allah Swt�. Boa-boa cenah berlaku jiga Allah, upami urang mikiran alam mayapada ieu? Naha enya? Ditegeskeun dina buku ieu, kedah aya benteng moral tina ka-atheis-an Stephen.

Oge anu teu meunang hilap karya Stephen Hawking teh ngeunaan Lobang hidueng atanapi Lubang Hitam bin Black hole tea. Numutkeun teori, lobang hidueng teh dihasilkeun tina bentang anu rek paeh. Kusasab beakeun bahan keur ngaduruk manehna sorangan nyaeta Hidrogen jeung Helium. Hidrogen jeung Helium ieu kanggo reaksi fusi sareng reaksi Fisi dina pusat bentang nya ieu anu ngajantenkeun hirupna bentang. Bentang anu ngagaduhan cahaya sorangan anu nyaangan jagat raya ieu.

Beakna bahan bakar bentang ngajantenkeun materi-materi bentang kasedot ku gaya gravitasi manehna sorangan nimbulkeun hiji �PUSARAN(naon basa Sunda nanya?)� jiga leuwi anu jero, caina muter. Daerah ieu anu ngajantenkeun bahaya, bakal nyedot barang-barang anu aya disabudereunana, oge kaasup cahya, bakal leungit kasedot(duka kamana kerelesna....punten sanes Careless Wishper laguna si Michael George).

Lobang Hideung ieu teh tos aya dina jagat raya ieu anu contona cenah mah 95% tos yakin aya di gugusan Cygnus X-1(Naha make statistiknya, ngangge persen sagala?).  

Numutkeun hiji amatir Astronomi urang Austrlia Robert Evans. Anu tos nitenan Jagad raya ieu salami 24 taun, anjeuna tos nimu sababaraha Supernova anu janten lobang hideung contona anu anyar katimu dinamian SN 2003gd anu ayana di galaksi M-74.

Dina akhirna Fisika teh hoyong gaduh hiji teori anu namina �Teori Penyatuan Besar(Grand Unified Theory)� atanapi �Teori Sagala Rupi bin Teori  Segala Sesuatu bin The Theory of Everything�. Teori ieu teh kanggo ngahijikeun teori-teori anu tos aya sateuacana. Apanan  Fisika mah satiap elmu teh kabagi-bagi jiga teu aya benang beureumna. Diantawisna Teori Relativitas na Albert Einstein, Teori parsial Gravitasi, Teori Parsial interaksi lemah jeung kuat sareng teori gaya elektromagnetik.

Malah anu caket kana teori ngahijikeun elmu Fisika teh nyaeta Teori Dawai(String) anu dimimitian ku Scherk sareng Schwarz. Dina teori ieu barang dianggap hiji partikel tunggal  anu gaduh dimensi. Dimensi paling alit nyaeta dimensi dua. Janten upami di bumi dijadikeun dimensi dua bakal aneh sareng barang0barang teh janten ipis.

Ti ditu namah meureun, Stephen teh hayang nurutan jiga Elmu Kimia anu  boga rumus-rumus anu bisa ngaramalkeun, nya dina kahebatan ieu aya Sistim Unsur Periodik, anu geus tangtu jeung baku anu dimimitian ku Berzelius. Apan lamun urang ngareaksikeun Natrium jeung Clor bisa jadi NaCl tea atawa garam dapur. Kitu deui reaksi kimia lianna antara unsur jeung unsur geus bisa ka erong.

Oge dijelaskeun yen alam mayapada ieu teh geuningan ngagedean heunteu cicing wae(statis). Ieu dibuktikeun kuayana radiasi cahaya beureum anu ngageser lebih gede.

Hiji anu masih keneh jadi kayakinan dina hate urang nyaeta kayakinan kana agama, naha urang bisa ngobet rahasia Gusti Nu Maha Suci kanggo kamaslahatan manusa?

 

Jalak Harupat

 

 

 

 

 

 

 



Sumedang Tandang Nyandang Kahayang


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke