Kalintang bingahna tur bakal lewih gaya tur tangtos nambih samangat mun pas maen ball engke di Chamsil atawa Liga , make kaos team anu sarua, aya nomeran, aya ngaran di tukang pokokna kudu lewih gaya tibatan pamaen eropa, keun ari masalah napas jeung nyetak ball mah da puguh gues teu daya teu upaya,
 
sim kuring yakin rehan kaos team mere pangaruh 75 persen kana permainan, sabab beki jelas mana kawan mana lawan, ulah jiga kamari team korea kaos tur kolorna sarua jiga team inggris, ari urang Indonesia kaos team na jiga permen nano nano atawa lampu stopan, aya nu make kaos bodas penyerang, jisim abdi kiper make baju koneng jiga gedang, si yudi libero make baju berem cabe, si arif biru
 
Mugi diserat na ieu tiasa nyentuh parasaan tur hate para pengurus maen ball rehna teu cukup nyadiakeun cai tur kiripik wungkul tapi nu pasti kaos atuh
 
wasslam
Jay's ex kiper PS. Cijulang


Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke