Kang Tito, naha teu terang kaunikan Urang Indonesia, gajih saeutik ge bisa hirup sabulan, malahan bisa boga imah sagala, padahal mun dikalkulasi ku matematik pamohalan, bisa cukup, Tukang beca oge bisa nyandung kang.......he he
Damang..kang..?, naha sok ngalangkung keneh kapayuneun bumi teteh..?
 
Salam
teh tien

Tito Suryana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Sidik kunaon nya ari pamarentah urang teu nurutan jiga di korea pan seueur anggota DPR anu kunker ka korea teh. di indonesiamah pahibut naekeun pajeg bari hasilna teu balik ra rahayat malah di korupsi ku.....beurit nu nganggo dasi.
 
baktos abdi nu nuju sewot..
----- Original Message -----
Sent: Friday, August 06, 2004 9:26 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Mangga emutan!

Punten ah.. bade ngiring mertelakeun,
Duka tah upami di Indonesia mah, namung bae gaji sakitu teh kanggo di Korea mah, gaji padamel di pausahaan anu nembe lebet kalayan ngabekel SSTB Akademi, malih mah teu sakedik TKI ti urang anu parantos lami kenging gaji sajuta Won, malih aya langkung.
Kanggo bandingan US$. 1.oo = W 1.160.- janten W 1 = Rp. 7 ~ 8.
Tah perkawis panghasilan Patani di Korea, sakantenan bae atuh urang pedar rada panjang.
a. lahan 1 ha, upami lahan sawah : hasilna 80 karung beas X  180.000,- won =
   14.400.000,-, biaya ngawuluku (traktor), tandur (mesin), ngarambet, nyemprot sareng      dibuat (ku mesin) kirang langkung seep 5.000.000 ~ 6.000.000 won sakali penen.   
b. lahan 1 ha, upami lahan kebon sayuran, kirang langkung sami sareng lahan sawah
c. lahan 1 ha, upami lahan kebon buah-buahan sapertos; apel, anggur, pear, ssjb.
    panghasilanana antawis 15.000.000 ~ 18.000.000.
Eta upami teu keuna ku hama atanapi keuna ku caah, tah upami panen bangkar ku hama atanapi bancana, pamarentah ngagentosan, minimeum pangaos bibit sareng biaya miara dugika 50% hasil hasil tatanen.
Raharjana patani di Korea :
1. Pajeg tanah garapan tebih langkung mirah ti pajeg tanah pakotaan (30~40 %an)
2. Tarif listrik kanggo patani langkung mirah dibanding tarif listrik non patani (20~30%an)
3. Gampil milarian kiridit ti bank, kalayan bunga langkung mirah sareng kiridit biasa
4. Jatah bangku di sadaya Universitas/PT satatar Korea kanggo anak/turunan patani.
Janten sanes bohong (sanaos teu acan sadaya), upami urang kaleresan jalan-jalan kapadesaan atanapi ka pakampungan patani.  Sisi lamping aya sarunggunuk pakampungan patani,  bumina weweg (beton), dicet warna-warni, digigireun bumi mesin traktor atanapi sapi, treuk alit sareng mobil herang leucir. Teu kedah dicatur parabotan rumah tanggi, kayaning TV, Kulkas, komputer ssjb. teu aya bentenna sareng urang kota.
Kitu deui para nalayan teu tebih sareng patani, ieu sadaya hasil tina "dug hulu pet nyawa, tiis tingtrim, adil paramatra jujur bersi para pamingpin" (noong pangwangunan Korea). 
Eta patani & nalayan anu sukses, sanaos teu sakedik anu bangkar oge.
Tos ah sakitu heula, bilih aya anu kirang panuju.
 
Pihatur
SSW


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke