Waalaikum salam wr. wb...
 
Wilujeng Sumping....!!!, wilujeng ngagabung di ieu milis......mangga teras bae kalebet...tong isin-isin da parantos seueur wargi anu parantos sumping.....
Perkawis Sunda asli sareng teu aslina, ulah dijantenkeun panghalang lebet diieu milis,
ninggal tuang rama ti Tasik + ibu Batawi + nyarios Sunda anu sakitu saena
saha jalmina anu moal nganken ......., tangtos dihiap diangken kusadayana....
Mangga anu sanesna diantos nepangkeunana.....
 
Pihatur 
SSW
Riyadi Syahardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr wb
Sateuacana pribados nyuhunkeun dihapunteun pami dina serat atanapi cariosan aya kecap nu kirang pas, rumaos da abdi mah sanes urang sunda asli. Bapa Tasik, ibu Betawi. Nanging pribados dilahirkeun di kota kembang, Bandung taun 1962, di daerah Lanud Sulaiman - Margahayu, dugikeun taun 1975. Mulai tah aprak-aprakan, ka Jakarta 3  taun, ka Tasik 3 taun, ka Surabaya dugikeun ka ayeuna, kaleresan didamel di Angkatan Laut. Terang ieu situs teh ti kenalan di Korea-Seoul waktos ngayakeun upacara 17 Agustusan 2004 kamari ieu. Karaos da tebih ti kulawargi teh sepi, tapi ayeuna rada kahibur ku ayana situs US (Urang Sunda). Mudah-mudahan kapayun pribados tiasa langkung sae deui jadi urang Sunda teh. Amin..... Tangtos we kedah aya dukungan ti sadayana. Hatur nuhun ka nu kersa ngabimbing pribados jadi urang sunda.
Wassalamu'alaikum wr wb
Riyadi "Didat" Syahardani
di Okpo, Geoje island, Rep. of Korea


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke