ternyata bener, ceuk kolot teh, bahwa dunia tidak seluas daun kelor. karaos ayeuna masing urang pajauh tapi asa deukeut, komo ku ayana teknologi nu ngadukung mah. tapi ulah diperbudak ku teknologi, sanes kitu pak eko. hatur nuhun.... dupi tasikna palih mana? abdi mah di rajapolah, palebah cibarani.

eko107 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mangga wilujeng gabung pak riyadi di milis urang sunda, nepangkeun
abdi eko, ari kawit mah ti tasik ayeuna linggih dibogor macul di jkt
janten tukang kiridit boboko he he......

Mangga mudah-mudahan betah ngiring ngariung di milis urang sunda,
sakitu heula ti simkuring.

Hatur nuhun,
Kuncen #4
@ERN


--- In [EMAIL PROTECTED], Riyadi Syahardani <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Assalamu'alaikum wr wb
> Sateuacana pribados nyuhunkeun dihapunteun pami dina serat atanapi
cariosan aya kecap nu kirang pas, rumaos da abdi mah sanes urang
sunda asli. Bapa Tasik, ibu Betawi. Nanging pribados dilahirkeun di
kota kembang, Bandung taun 1962, di daerah Lanud Sulaiman -
Margahayu, dugikeun taun 1975. Mulai tah aprak-aprakan, ka Jakarta
3  taun, ka Tasik 3 taun, ka Surabaya dugikeun ka ayeuna, kaleresan
didamel di Angkatan Laut. Terang ieu situs teh ti kenalan di Korea-
Seoul waktos ngayakeun upacara 17 Agustusan 2004 kamari ieu. Karaos
da tebih ti kulawargi teh sepi, tapi ayeuna rada kahibur ku ayana
situs US (Urang Sunda). Mudah-mudahan kapayun pribados tiasa
langkung sae deui jadi urang Sunda teh. Amin..... Tangtos we kedah
aya dukungan ti sadayana. Hatur nuhun ka nu kersa ngabimbing
pribados jadi urang sunda.
> Wassalamu'alaikum wr wb
> Riyadi "Didat" Syahardani
> di Okpo, Geoje island, Rep. of Korea
>
>
>
> ---------------------------------
>   Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends
today! Download Messenger Now



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke