Wilujeng sumping kang didat... wilujeng ngariung mungpulung sareng US sa alam dunya,
nepangkeun abdi Panzi, ayeuna nuju macul di PT Sumitomo Batam,
pabrik Wiring Harness anggeeun mobil Toyota jepang, sambilanana mah janten bandar hayam... hehehe..
 
kapungkur basa lulus sakola, abdi dipiwarang ku pun paman (anjeuna PM) ngiring test ka AL,
sagalana tos disiapkeun ku abdi, mung basa emut testna aya test ngojay, tungtungna mah bedo ahh..
da sieun tikerelep... kaleresan kapungkur mah teu acan tiasa ngojay,
tong waka ngojay, ibak oge jarang... heuheuheu... ayeuna mah lumayan lahh.. gaya gaya batu wae mah tiasa... :D
 
Panzi
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, August 18, 2004 7:33 PM
Subject: [Urang Sunda] Nepangan....

Assalamu'alaikum wr wb
Sateuacana pribados nyuhunkeun dihapunteun pami dina serat atanapi cariosan aya kecap nu kirang pas, rumaos da abdi mah sanes urang sunda asli. Bapa Tasik, ibu Betawi. Nanging pribados dilahirkeun di kota kembang, Bandung taun 1962, di daerah Lanud Sulaiman - Margahayu, dugikeun taun 1975. Mulai tah aprak-aprakan, ka Jakarta 3  taun, ka Tasik 3 taun, ka Surabaya dugikeun ka ayeuna, kaleresan didamel di Angkatan Laut. Terang ieu situs teh ti kenalan di Korea-Seoul waktos ngayakeun upacara 17 Agustusan 2004 kamari ieu. Karaos da tebih ti kulawargi teh sepi, tapi ayeuna rada kahibur ku ayana situs US (Urang Sunda). Mudah-mudahan kapayun pribados tiasa langkung sae deui jadi urang Sunda teh. Amin..... Tangtos we kedah aya dukungan ti sadayana. Hatur nuhun ka nu kersa ngabimbing pribados jadi urang sunda.
Wassalamu'alaikum wr wb
Riyadi "Didat" Syahardani
di Okpo, Geoje island, Rep. of Korea


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke