Walaikumsalam wr.wb.
Mangga lebet , nepangkeun ani nu nuju ngarambet di
cikarang janten buruh, ari kawit mah ti Subang. Sok reueus nampi wargi enggal di
ieu millis, oge bagea ka Teh Neneng nu nembe gabung, dupi teh Neneng linggihna
dimana ?
neng
an...
-----Original Message-----
From: Riyadi Syahardani [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, August 18, 2004 7:33 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Nepangan....
From: Riyadi Syahardani [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, August 18, 2004 7:33 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Nepangan....
|
Assalamu'alaikum wr wb
Sateuacana pribados nyuhunkeun dihapunteun pami dina serat atanapi
cariosan aya kecap nu kirang pas, rumaos da abdi mah sanes urang sunda
asli. Bapa Tasik, ibu Betawi. Nanging pribados dilahirkeun di kota
kembang, Bandung taun 1962, di daerah Lanud Sulaiman - Margahayu,
dugikeun taun 1975. Mulai tah aprak-aprakan, ka Jakarta 3 taun, ka
Tasik 3 taun, ka Surabaya dugikeun ka ayeuna, kaleresan didamel di
Angkatan Laut. Terang ieu situs teh ti kenalan di Korea-Seoul waktos
ngayakeun upacara 17 Agustusan 2004 kamari ieu. Karaos da tebih ti
kulawargi teh sepi, tapi ayeuna rada kahibur ku ayana situs US (Urang
Sunda). Mudah-mudahan kapayun pribados tiasa langkung sae deui jadi urang
Sunda teh. Amin..... Tangtos we kedah aya dukungan ti sadayana. Hatur
nuhun ka nu kersa ngabimbing pribados jadi urang sunda.
Wassalamu'alaikum wr wb
Riyadi "Didat" Syahardani
di Okpo, Geoje island, Rep. of Korea |
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

