Hiji mangsa,  wanci haneut moyan kuring keur ngadaweung 
hareupeun saung (tenda) di Arofah. Bari dzikir  hate 
narawangan kana kagungan pangeran, Hareupeun saung teh 
gunung batu hideung ngajegir, lapat lapat katingal tugu 
jabal rohmah. Cimata rembey inget ka lembur anu kaayaan 
hejo ngemploh beda jeung didieu (maksudna di tanah arab), 
tapi rahayatna katalangsara.

Sabot kitu aya nu ribut, sihoreng aya jamaah pacentalan 
jeung Hansip. Si Jamaah anu rek nepungan sepuhna anu 
samai-sami munggah haji maksa hayang asup ka komplek 
kuring, tapi di hulag ku Hansip.

Hansip teh kacida disiplina, keukeuh si Jamaah nu hayang 
asup teh teu diidinan.

Kuring nyampeurkeun ka manehna, kabeneran si Hansip teh 
apaleun ka kuring dan Hansip manehna  sok aya di hotel 
tempat kuring nganjrek. Tapi teu bisa KKN geuning, nya 
atuh jamaah teh gaplah teu bisa tepung jeung kulawragana, 
hanjelu.

Meunang hikmah ti si hansip rehna keur ngatur jalma rea 
mah kadang-kadang ulah peleye, supaya tartib jeung aman.

Hanjakal di urang mah rea pisan jalma peleye. Kota teh teu 
tartib, nagara teu tartib, jalma katalangsara padahal 
nagri endah asri, bahan lubak libuk.

MangJojo


===========================================================================================
"Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat 
akses Internet Gratis..
Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : 
TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
===========================================================================================


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke