Satuju pisan, Mang Jo. Yen pikeun ngatur sarta nyiptakeun katartiban masarakat, peryogi pisan ayana aturan sareng ngadegna aturan. Ceuk sakaol cenah aturan dijieun pikeun dirumpak, nyaan kuring mah teu panuju. Aturan nu hade teu ngajamin ayana katartiban, sabab mun masarakatna baredegong nya moal aya pangaruhna. Nya supados eta aturan teu mubadir sabab teu diturut ku masarakatna, kedah aya nu ngajagina, nu ngadegkeunana, nu disebat APARAT sarta lembagana tea panginten. Eta oge teu janten jaminan ketang, pami aparat atanapi PIHAK YANG BERKEWAJIBANana henteu ngalaksanakeun kawajibanana alatan teu teges sarta beunang kaolo ku nu ngarumpak aturan tea. Dina majalah TEMPO minggu ieu (sisindarieun meuli TEMPO), aya sababaraha artikel ngeunaan hukuman pati, jigana mah dina raraga "ngabageakeun" eksikusi pati nu di Sumut tea. Cenah, sanaos hukuman pati tehtos direkomendasikeun supados dileungitkeun ku Amnesti Internasional (pami teu lepat) ku tinimbangan kamanusaan & hak hirup manusa, langkung ti 90 nagara sadunya masih nerapkeun hukuman pati, kaasup AS (disebut husus nu ieu mah margi katelah salaku lulugu ari dina masalah HAM mah sanes? Saneeeesss....). Anapon di Indonesia, yen cenah hukuman pati ieu patukangtonggong jeung uni konstitusi nagara urang nu ngajamin hak hirup, hal ieu bisa dibantah, sabab ieu mah dina raraga nanjeurkeun katartiban hirup sakabeh masarakat bangsa. Aya dua poin: kahiji salaku empati jeung rasa kaadilan pikeun korban/kulawarga korban, kadua salaku tugas nagara pikeun mere rasa aman ka masarakat tina kadoliman nu rongkah (diantawisna kajahatan maehan nu sadis liwat ti rasa kamanusaan, ngaracunan masarakat ku ayana narkoba, oge korupsi nu ngarugikeun rahayat loba). Komo kapan lebah nelasan jalma mah Pangeran tos ngadugikeun sacara langsung, yen nelasan jalma tanpa alesan hukum nu bener teh sarua jeung nelasan sakumna umat manusa.
jk Mang Jojo writes: Meunang hikmah ti si hansip rehna keur ngatur jalma rea mah kadang-kadang ulah peleye, supaya tartib jeung aman. Hanjakal di urang mah rea pisan jalma peleye. Kota teh teu tartib, nagara teu tartib, jalma katalangsara padahal nagri endah asri, bahan lubak libuk. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

