Hatur nuhun kang Adnan anu yuswana kumincir keneh, tapi kolot kalapa, seueur cipatina.
Ngeunaan hal eta pisan anu kedah ditanjeurkeun ku urang. Namung jalaran urang Sunda mah gaduh papagon adat kasundaan tur papagon agama (Islam) tangtosna bae sagala rupi teh kudu luyu tur sapagodos. Ceuk inohong reformasi ( kiwari beuki reang, saur manuk, malah para inohong orde baru oge ngaheueuhkeun) yen hukum jeung kaadilan teh kudu ditanjeurkeun. Ngan hanjakal hukum jeung papagon teh teu diwengku ku iman jeung akhlak anu bener tur hade, bari jeung taya contona. Cobi taros MJ, mun ngawulang, palebah aya rumus teh pan sok aya contona, malihan sering contona teh sababaraha rupa. Murid teh gaduh palanggeran. Kacindekanana nanjeurkeun hukum (sareat) kudu diwengku ku iman (kayakinan yen kudu tenget ka nu ngatur / pangeran) jeung dipapaes ku ahlak (sikep) bari neplak alias nyonto kana hirup kumbuh jalmi conto tur hade (rasul). Sakitu heula kagegelan emang, apal soteh kamari tas kuping dangu ti ajengan Hilman Rosyad, kiyai anom ti Garut. Cag heula, MangJojo On Tue, 24 Aug 2004 11:05:05 +0700 "kumincir" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Satuju pisan, Mang Jo. Yen pikeun ngatur sarta >nyiptakeun katartiban > masarakat, peryogi pisan ayana aturan sareng ngadegna >aturan. Ceuk sakaol > cenah aturan dijieun pikeun dirumpak, nyaan kuring mah >teu panuju. Aturan nu > hade teu ngajamin ayana katartiban, sabab mun >masarakatna baredegong nya > moal aya pangaruhna. Nya supados eta aturan teu mubadir >sabab teu diturut ku > masarakatna, kedah aya nu ngajagina, nu ngadegkeunana, >nu disebat APARAT > sarta lembagana tea panginten. Eta oge teu janten >jaminan ketang, pami > aparat atanapi PIHAK YANG BERKEWAJIBANana henteu >ngalaksanakeun kawajibanana > alatan teu teges sarta beunang kaolo ku nu ngarumpak >aturan tea. > Dina majalah TEMPO minggu ieu (sisindarieun meuli >TEMPO), aya sababaraha > artikel ngeunaan hukuman pati, jigana mah dina raraga >"ngabageakeun" > eksikusi pati nu di Sumut tea. Cenah, sanaos hukuman >pati tehtos > direkomendasikeun supados dileungitkeun ku Amnesti >Internasional (pami teu > lepat) ku tinimbangan kamanusaan & hak hirup manusa, >langkung ti 90 nagara > sadunya masih nerapkeun hukuman pati, kaasup AS (disebut >husus nu ieu mah > margi katelah salaku lulugu ari dina masalah HAM mah >sanes? Saneeeesss....). > Anapon di Indonesia, yen cenah hukuman pati ieu >patukangtonggong jeung uni > konstitusi nagara urang nu ngajamin hak hirup, hal ieu >bisa dibantah, sabab > ieu mah dina raraga nanjeurkeun katartiban hirup sakabeh >masarakat bangsa. > Aya dua poin: kahiji salaku empati jeung rasa kaadilan >pikeun > korban/kulawarga korban, kadua salaku tugas nagara >pikeun mere rasa aman ka > masarakat tina kadoliman nu rongkah (diantawisna >kajahatan maehan nu sadis > liwat ti rasa kamanusaan, ngaracunan masarakat ku ayana >narkoba, oge korupsi > nu ngarugikeun rahayat loba). Komo kapan lebah nelasan >jalma mah Pangeran > tos ngadugikeun sacara langsung, yen nelasan jalma tanpa >alesan hukum nu > bener teh sarua jeung nelasan sakumna umat manusa. > > jk > > Mang Jojo writes: > Meunang hikmah ti si hansip rehna keur ngatur jalma rea > mah kadang-kadang ulah peleye, supaya tartib jeung aman. > Hanjakal di urang mah rea pisan jalma peleye. Kota teh >teu > tartib, nagara teu tartib, jalma katalangsara padahal > nagri endah asri, bahan lubak libuk. > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada >seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan >dikenai sanksi berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, >dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > =========================================================================================== "Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses Internet Gratis.. Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 " =========================================================================================== ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

