Para wargi manawi aya anu tiasa maparin pitulung atanapi bongbolongan,
sim abdi gaduh bibi yuswana kirang 55 ~ 60 taun, ngawitan sasih Maret 2004, teu damang teras dicandak ka rumah sakit di Bandung, diparios, saur dokter panyawatna
panyawat gula/diabetes sareng ginjal, upami nuju karaos panas dugika 40 darajat.
Tingawitan harita pulang anting karumah sakit, sabaraha dinten dibumi, saminggon dua minggon opname, mulih deui sababaraha dinten dibumi opname deui kitu sareng kitu bae dugika ayeuna, tadi (malem Jumaah) tadi telepon kabumina di Cianjur suwung, telepon ka putrana di Bandung, saur pun paman nembe wangsul ti RS Hasan Sadikin opname kenging 10 dinten.
Ayeuna pun paman parantos "beak dengkak" pangobatan alternatif oge tos rupi-rupi di cobi kaditu kadieu, upami aya anu nuduhkeun.
Manawi aya diantawis para wargi aya anu gaduh pangalaman sapertos kitu, nguping, terang pangobatan/landong kanggo panyawat sapertos kitu, sim abdi neda sih piwelasna, kersa ngawartosan.
Langkung tipayun timpah hatur nuhun sateu acanna.
Pihatur
SSw
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

