Assalamu'alaikum wr. wb.
Duh... UA hapunteun simkuring nembe tiasa nepangan
deui, malum di bumi teu taisa OL janteun rada seusah.
Saperkawis ti eta abdi kamari ngebel ka bumi, margi
pun biang kaleresan tos sababaraha lami teu damang,
dupi panyawatnya salah sawiosna sami nyaeta panyawat
gula. lalandong sami seep kaditu kadieu, malih kangtos
leupat obat karacunan, dugi ka salami 2 sasih kamari
pun biang teu tiasa gugah-gugah acan, tapi
alhamdulillah ayeuna saurna tos sakinteun malih tos
tiasa ka pasar deui saurna mah...
tah UA dupi abdi mah teu terang di mana lalandongna,
nanging pami peryogi mah mangga UA tiasa neupangan pun
Bapa di Garut, ieu teleponna 081 320 548 353 (Pak.
Holil), atanapi pun lanceuk 081 546 801 065 (sebat wae
pun lanceuk IWAN), saurkeun teurang ti Kinkin ieu no.
tlp.
sakitu heula UA, mugi-mugi aya jodona, Insya Allah
panyawatna tiasa enggal-enggal damang.
pihatur...
Kin's
--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Para wargi manawi aya anu tiasa maparin pitulung
> atanapi bongbolongan,
> sim abdi gaduh bibi yuswana kirang 55 ~ 60 taun,
> ngawitan sasih Maret 2004, teu damang teras dicandak
> ka rumah sakit di Bandung, diparios, saur dokter
> panyawatna
> panyawat gula/diabetes sareng ginjal, upami nuju
> karaos panas dugika 40 darajat.
> Tingawitan harita pulang anting karumah sakit,
> sabaraha dinten dibumi, saminggon dua minggon
> opname, mulih deui sababaraha dinten dibumi opname
> deui kitu sareng kitu bae dugika ayeuna, tadi (malem
> Jumaah) tadi telepon kabumina di Cianjur suwung,
> telepon ka putrana di Bandung, saur pun paman nembe
> wangsul ti RS Hasan Sadikin opname kenging 10
> dinten.
> Ayeuna pun paman parantos "beak dengkak" pangobatan
> alternatif oge tos rupi-rupi di cobi kaditu kadieu,
> upami aya anu nuduhkeun.
> Manawi aya diantawis para wargi aya anu gaduh
> pangalaman sapertos kitu, nguping, terang
> pangobatan/landong kanggo panyawat sapertos kitu,
> sim abdi neda sih piwelasna, kersa ngawartosan.
> Langkung tipayun timpah hatur nuhun sateu acanna.
>
> Pihatur
>
> SSw
>
_______________________________
Do you Yahoo!?
Win 1 of 4,000 free domain names from Yahoo! Enter now.
http://promotions.yahoo.com/goldrush
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/