Hatur nuhun cep Kandar, insya Allah engke wengi didugikeun.
 
SSW

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngiring prihatin ka kulawargi Apa Siddik, mugi2 bibina enggal2 dijait tina panyawatna, disehatkeun deui, aamiin.
Apih, abdi kungsi didongengan ku ibu kos kapungkur waktos di Bogor, nalika anjeunna keuna ku panyawat gula. Ku dokterna teh dipapagahan supados unggal enjing dugi ka tabuh 9-an mah salirana digerakkeun bari sakantenan moe anjeun na sorot srangenge enjing. Kaleresan buruan bumina teh rada lumayan,
teu heureut2 teuing, anjeunna nyobian nerapkeun pituduh dokterna tea, bari sakantenan ngarawatan buruan (sasapu, meresihan jukut, jsb.).
Alhamdulillaah, saurna panyawatna teh teu patos lami teu kungsi karaos deui.

isk

Siddik Wiradireja writes:
> Para wargi manawi aya anu tiasa maparin pitulung atanapi bongbolongan,
> sim abdi gaduh bibi yuswana kirang 55 ~ 60 taun, ngawitan sasih Maret 2004, teu damang teras dicandak ka rumah sakit di Bandung, diparios, saur dokter panyawatna
> panyawat gula/diabetes sareng ginjal, upami nuju karaos panas dugika 40 darajat.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke