Bom, saur kang oman mah kenging cak-cak bodas. bet nurus tunjung cakcak teh.....eta deui pinternya ngaracikna, dimana eta meserna bahan2 na, mangkaning bahanna ge sesah cenah. Naha hayang naon atuh cak-cak teh.? anu teu dosa ka balirang,
Kedah kumaha atuhnya ngalirenkeun nana..? naha hayang naon atuh maneh na teh..?
Cik eling, naha teu gaduh hati nurani kitu..? ieu mah soal politik rupina. Upami politik mah sesah ngubaran nana......da teu nyaho ngobatannana kumaha? manawi rupina kapayun jelegur deui-jelegur deui tah kitu saur cak-cak bodas.....
 
salam
teh tien
( nuju kerung hayang naon eta cak-cak bodas..???????? )

oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya,
 
Sateuacanna, sok sanaos telat (etang-etang panglayad katiluna bae ieu mah), heunteu kakantun sim kuring ngiring bela sungkawa anu saageung-ageungna ka sadaya kulawarga korban bom anu ngajelegur dinten Kemis, 9 September 2004, di Kuningan, Jakarta. Pamugi sadaya kulawarga korban aya dina katawekalan dina enggoning nandangan ieu cocobi ageung. Ka anu ngantunkeun dina eta kajadian, pamugi kalebet anu kenging magfiroh ti Gusti Alloh SWT, atuh ka anu ukur tatu, boh tatu gede atawa leutik, pamugi masing enggal damang sakumaha bihara-bihari.
 
Jenis bom teh ceuk sakaol ngarupikeun jenis anu pang rohakana. Singketna, leuwih rongkah tinimbang jenis TNT. Teu satiap nagri/bangsa bisa nyieun bom sarupi kitu. Naha timana nya asalna? jeung saha dalang jeung nu tanggungjawab kana ieu kajadian bom di Kuningan teh? Kana ieu patarosan, urang yakin sadayana oge hoyong terang. Hanjakal, teu acan aya (duka moal aya) informasi anu jelas.
 
Ngan cenah, upama harewos ti cak-cak bodas rada ngaharib-harib kana enya, bisa oge jadi bahan ngopi di warung atawa di pos ronda. Ceuk cenah, aya anu arek beberesih, kukumbah rereged salila puluhan taun. Rereged salila ngawasa, kulantaran makmak-mekmek, dudunya. Hasilna mangrupa duit trilyunan anu disimpen di nagara sejen, "nagara sabrang", lain di nagara anu kungsi di parentah ku manehna.
 
Manehna geus kolot, malah geringan, sigana mah insyaf, ngan era ari kudu terang-terangan ngaku salah mah baheula. Nya mending rerencepan malikeun eta duit anu sakitu lobana, dipulangkeun ka nagara asalna, ka bangsa anu kungsi jadi korban pajegan tarikanna. Ngan cenah, aya nagara-nagara anu teu diajakan ilubiung dina raraga mulangkeun ieu harta jarahan ka anu hakna teh. Nya ieu   "nagara sabrang pisan" teh rada nyeri hate. Jelegur bae minangka ngingetkeun. Peun para wargi, heunteu kudu dipercaya teuing da ieu mah harewos ti cak-cak bodas tea.
 
Baktosna,
manAR 
 
 


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail is new and improved - Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Shop for Back-to-School deals on Yahoo! Shopping.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke