Sumuhun kang si teteh oge saka...tea, sakacamplung na, duka leres duka heunteu.....posting teh....
Tah ayeuna mah urang nyarioskeun bom nya kang.....Pamendak akang kumaha eta maksad anu ngabom.?????? naha aya kahayang teu kacumponan, atawa aya anu ngahaja nyieun kaributan keur nguntungkeun maneh na, atawa pesenan keur nyudutkeun umat islam......sok ah, kang Hasan kang Sidik guar ........implenganna kumaha?.....diantos
 
Baktos
teh tien 

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
tah eta mah kedah naroskeun ka si kang kumincir nu
keur resep pabetem-betem, atawa silih sms. majar ti
sireum hideung cenah. he he he.

rupina kieu eta mah teh. keun we ngacapruk oge nya.
engke oge aya nu memener sugan. salian ti demit,
cakcak teh sok sonagar deuih. lamun keur simpe,
ujug-ujug disada. jadi nu keur silih betem, karesel,
rek pok teu puguh nu rek diomongkeun, kagareuwakheun
ku cakcak.

harewos bojong mah, sugan urang bojong song pating
harewos kitu. cag ah.

salam,
mh

--- teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ohhh...kitu ..!! nembe terang teteh......Eta deui
> kang upami aya dua jalmi anu nembe wawanohan teras
> silih betem, salah hiji nyarios aya cakcak..!!, tah
> eta kumaha silokana..? Aya deui kang, " harewos
> bojong "  naon hartosna....? punten kang seueur
> tataros da saleresna kirang terang manawi di ieu
> milis tempat patarosan anu patula-talina sareng
> kasundaan
> Tos sakiru heula....
> 
> Baktosna
> teh tien



           
_______________________________
Do you Yahoo!?
Shop for Back-to-School deals on Yahoo! Shopping.
http://shopping.yahoo.com/backtoschool


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke