Ohhh...kitu ..!! nembe terang teteh......Eta deui kang upami aya dua jalmi anu nembe wawanohan teras silih betem, salah hiji nyarios aya cakcak..!!, tah eta kumaha silokana..? Aya deui kang, " harewos bojong "  naon hartosna....? punten kang seueur tataros da saleresna kirang terang manawi di ieu milis tempat patarosan anu patula-talina sareng kasundaan
Tos sakiru heula....
 
Baktosna
teh tien

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
eta panginten teh, kulantaran cakcak mah watekna sok
'demit'. muhun jiga 'dedemit' datang tara katinggal
tarangna, angkat tara katangen pundukna. nya tangtos
nya da cakcak mah teu aya tarang sareng pundukan. he
he he.

eta sok ditambihan 'bodas' rupina mah pedah ari wanda
'bodas' teh dikaitkeun ka sabangsaning 'dedemit' oge.
geuning ari nyingsieunan budak, majar hantu teh
'bodas' cenah. tah janten we klop, 'cakcak bodas' sok
resep nguping bari demit jiga hantu.

manawi ketah eta oge. eta mah tafsiran kuring we teh
nganggo kirata. kang oman, kang dien, atanapi ua sas
panginten langkung uninga.

salam,
mh

--- teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Sumuhun kang.........teu terang, timana eta beja,
> kumargi teu terang timanana, nya cak-cak bodas wae
> anu katempuhan, Sawioslah si cak-cak wae lah....anu
> sok kitu teh....?
> Kang..!! naha bet cak-cak teh dijantenkeun
> paneumbleuhan, padahal aya ucing, pedah kitu cak-cak
> mah di unggal bumi sok aya, sareng ceulina rebing,
> da sok ngadengekeun....anu rusiah tea., eta babasan
> cak-cak bodas kalebet anu kumaha dina bahasa
> sunda..? eta deui kedah aya kecap "bodas" padahal
> cak-cak mah teu bodas......
> 
> Baktos
> teh tien
>
> mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> bomna mah sanes kenging cakcak bodas atuh teh tien.
> si
> cakcak mah meunang beja, dibejakeun pabeja-beja. eta
> beja dugi ka kang oman. kang oman ngabejakeun deui
> ka
> urang. tukang nguping si cakcak mah. geuning kolot
> baheula upama aya obrolan rusiah, curukna sok
> diantelkeun kana lambey. "kade siah bisi kadengeeun
> ku
> cakcak bodas!" cenah.
>
> salam,
> mh



           
_______________________________
Do you Yahoo!?
Shop for Back-to-School deals on Yahoo! Shopping.
http://shopping.yahoo.com/backtoschool


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke