bomna mah sanes kenging cakcak bodas atuh teh tien. si cakcak mah meunang beja, dibejakeun pabeja-beja. eta beja dugi ka kang oman. kang oman ngabejakeun deui ka urang. tukang nguping si cakcak mah. geuning kolot baheula upama aya obrolan rusiah, curukna sok diantelkeun kana lambey. "kade siah bisi kadengeeun ku cakcak bodas!" cenah.
salam, mh --- teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Bom, saur kang oman mah kenging cak-cak bodas. bet > nurus tunjung cakcak teh.....eta deui pinternya > ngaracikna, dimana eta meserna bahan2 na, mangkaning > bahanna ge sesah cenah. Naha hayang naon atuh > cak-cak teh.? anu teu dosa ka balirang, > Kedah kumaha atuhnya ngalirenkeun nana..? naha > hayang naon atuh maneh na teh..? > Cik eling, naha teu gaduh hati nurani kitu..? ieu > mah soal politik rupina. Upami politik mah sesah > ngubaran nana......da teu nyaho ngobatannana kumaha? > manawi rupina kapayun jelegur deui-jelegur deui tah > kitu saur cak-cak bodas..... > > salam > teh tien > ( nuju kerung hayang naon eta cak-cak > bodas..???????? ) > > oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baraya, > > Sateuacanna, sok sanaos telat (etang-etang panglayad > katiluna bae ieu mah), heunteu kakantun sim kuring > ngiring bela sungkawa anu saageung-ageungna ka > sadaya kulawarga korban bom anu ngajelegur dinten > Kemis, 9 September 2004, di Kuningan, Jakarta. > Pamugi sadaya kulawarga korban aya dina katawekalan > dina enggoning nandangan ieu cocobi ageung. Ka anu > ngantunkeun dina eta kajadian, pamugi kalebet anu > kenging magfiroh ti Gusti Alloh SWT, atuh ka anu > ukur tatu, boh tatu gede atawa leutik, pamugi masing > enggal damang sakumaha bihara-bihari. > > Jenis bom teh ceuk sakaol ngarupikeun jenis anu pang > rohakana. Singketna, leuwih rongkah tinimbang jenis > TNT. Teu satiap nagri/bangsa bisa nyieun bom sarupi > kitu. Naha timana nya asalna? jeung saha dalang > jeung nu tanggungjawab kana ieu kajadian bom di > Kuningan teh? Kana ieu patarosan, urang yakin > sadayana oge hoyong terang. Hanjakal, teu acan aya > (duka moal aya) informasi anu jelas. > > Ngan cenah, upama harewos ti cak-cak bodas rada > ngaharib-harib kana enya, bisa oge jadi bahan ngopi > di warung atawa di pos ronda. Ceuk cenah, aya anu > arek beberesih, kukumbah rereged salila puluhan > taun. Rereged salila ngawasa, kulantaran > makmak-mekmek, dudunya. Hasilna mangrupa duit > trilyunan anu disimpen di nagara sejen, "nagara > sabrang", lain di nagara anu kungsi di parentah ku > manehna. > > Manehna geus kolot, malah geringan, sigana mah > insyaf, ngan era ari kudu terang-terangan ngaku > salah mah baheula. Nya mending rerencepan malikeun > eta duit anu sakitu lobana, dipulangkeun ka nagara > asalna, ka bangsa anu kungsi jadi korban pajegan > tarikanna. Ngan cenah, aya nagara-nagara anu teu > diajakan ilubiung dina raraga mulangkeun ieu harta > jarahan ka anu hakna teh. Nya ieu "nagara sabrang > pisan" teh rada nyeri hate. Jelegur bae minangka > ngingetkeun. Peun para wargi, heunteu kudu dipercaya > teuing da ieu mah harewos ti cak-cak bodas tea. > > Baktosna, > manAR __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

