ngiring mairan yeuh [soni]

ih ari "heueuh2 bueuk" wae mah atuh jentre pisan yen urang 
teh can merdika_baheula meureun etamah kang!
saestuna ceuk pamanggih kuring mah, dina enggoning 
ririungan jeung balarea mah rada hese kanyataanana ku 
alatan kasang tukang jrrd anu pasti beda.

sok najan kitu ari urang geus nangtukeun "tujuan" jeung 
"paniatan" anu hade mah, pikeun kuring gede hate wae nu 
aya sok sanajan hasilna tangtu moal nyugemakeun 100%.

memang kang mun dicokot gampangna aya dua garis badag 
sikep dina enggoning ririungan
1. "heueuh2 bueuk" tea [menting keun "proses"]
2.  keukeuh peuteukeuh [mentingkeun "hasil]

ari hadena mah "biasa" siger tengah wae, pinter2 na 
juragan "supir" iraha kudu ngerem iraha ngagas_malahan mah 
aya oper2an "perseneleng" sagala...hee.. teori

enya teori...
da ari kanyataanamah kuring oge lamun geus nga gas teh sok 
hese ngerem!

tapi muga2 wae ku paniatan+tujuan anu hade urang bisa 
ngagunakeun jurus:
"caina herang laukna beunang" _ diportas 
meureun..he..he...

salam
soni+++



On Sat, 16 Oct 2004 12:11:48 -0700 (PDT)
  Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Para wargi,
> 
> Dadasar budaya, nyaeta geusan ngaraketkeun diri jeung 
>sasama, pikeun Ki Sunda, nyata kacida kuatna. Buktina 
>kudu pisan matak genah, matak betah hate batur, ulah 
>pisan kumawani nyigeung lelembutna, ulah pisan matak 
>kuciwa pangrasana. Nya ku kituna, ucap-lampah-paripolah 
>sapuratina, estuning geusan ngamulyakeun batur, dugi ka 
>poho kana saringan. Da nyaeta tea, ngutamakeun bungah 
>manahna, sangkan lungsur tresna-asihna, sangkan ulah 
>dipikangewa, najan teu ngarti, mairan mah kudu keukeuh 
>teu weleh heueuh :  sumuhun, leres, yaktos, kantenan, sae 
>pisan, ��...��... naon deui boa !
> 
> Naha bet kitu peta ? Kieu alesanana :
> 
> a.      Mun teu ngawaro, bakalna teh dianggapna api 
>lain, teu malire !
> 
> b.     Mun tumanya, leuheung basa mun dianggap alewoh, 
>kumaha lamun disebut cerewed !
> 
> c.      Mun ngahulag, ambuing tada teuing ����.... 
>ongkoh deui can tangtu dianggap ngarti !
> 
> Pamustunganana, nya kapan heueuh ceuk uing oge, mending 
>heueuh jeung heueuh bae sok sanajan ceuk hate mah beda 
>deui. Ngarah naon ? Ih, kapan nyaeta ngarah atoheun tea, 
>sangkan inyana resepeun ka urang, sangkan inyana ngaku 
>baraya ka urang. Ari geus resepeun mah, ari geus ngaku 
>baraya mah, nya sugan weeeeeee ��� aya meureun 
>kaingetanana !
> 
> Cing kumaha jadina mun �diskusi� kongres cimalati make 
>prinsip nu kieu patut !
> 
> Mangga nyanggakeun !
> 
> 
> 
> Salam, 
> 
> Kang Dien
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> vote.yahoo.com - Register online to vote today!

=============================================
Netkuis Instan untuk wilayah Bandung (kode area 022) - SD,SMP,SMA
Berhadiah total puluhan juta rupiah... periode I dimulai 1 April 2004
=============================================


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke