Aya buku anu medarkeun perkara ....... (hilap deui),
kenging Julia Cameron, anu tos diIndonesiakeun.
Ceuk dina eta buku, teu kudu urang salawasna "sumuhun
dawuh' atawa "heueuh bueuk". Kalakuan kitu teh bakal
ngabalukarkeun "maehan maneh", anu bakal nimbulkeun
mandulna kreativitas.
lamun teu satuju kana hiji pasualan, tembrakeun wae,
tapi ku cara-cara anu "elegan". Masalahna mah urang
wani heunteu "diajar beda" jeung bisa narima
"perbedaan" eta.

mrachmatrawyani

--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> asana kuring pernah mendak artikel, kasus
> panglawungan
> budaya, nalika jajaka bangsa urang hahadean jeung
> mojang bule. dicaritakeun dina eta artikel, kumaha
> hesena mojang bule neuleuman eusi hate si jajaka.
> pangpangna dina cenah dina ngahartikeun kecap
> "heueuh,
> sumuhun" tea. sabab cenah, "heueuh"-na si jajaka teh
> sok pasalia jeung "paripolah"-na. "aa tos tuang?"
> "parantos", jawabna teh. padahan acan barijeung
> lapar.
> jigana ieu teh nu disebut "heueuh-heueuh bueuk" tea.
> "aa cinta ka abdi?" "cinta pisan!" pokna teh.
> padahal
> panon masih lurak-lirik ka sisi ka gigir. he he.
> 
> dina kasus saderhana jiga di luhur, sikep
> "heueuh-heueuh bueuk" teh ngabalukarkeun kurang
> lancarna komunikasi. malah pamustunganana jigana
> bisa
> ngalahirkeun sikep "permisif" tea. misalna, upama
> aya
> batur nu korupsi beak dengkak dikritik. ari palebah
> nu
> korupsi dulur sorangan, seler sorangan mah hayoh
> dipindingan. da nyaeta bilih kasigeung manahna te.
> antukna jiga kaayaan di urang ayeuna.
> 
> ceuk pangemut sim kuring mah, dina naon wae pasualan
> langkung sae balaka, jiga babasan "hade ku omong,
> goreng ku omong" tea. tah babasan ieu mah aya sifat
> korektif, upama aya kasalahan nya dikritik kujalan
> nu
> hade. atuh tangtu wae urang sadaya kedah kersa
> dikritik deui. asana sikep ieu saluyu jeung kosep
> "silih asah, silih asih, silih asuh". wallahu a'lam.
> 
>


                
_______________________________
Do you Yahoo!?
Express yourself with Y! Messenger! Free. Download now. 
http://messenger.yahoo.com


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke