asana kuring pernah mendak artikel, kasus panglawungan budaya, nalika jajaka bangsa urang hahadean jeung mojang bule. dicaritakeun dina eta artikel, kumaha hesena mojang bule neuleuman eusi hate si jajaka. pangpangna dina cenah dina ngahartikeun kecap "heueuh, sumuhun" tea. sabab cenah, "heueuh"-na si jajaka teh sok pasalia jeung "paripolah"-na. "aa tos tuang?" "parantos", jawabna teh. padahan acan barijeung lapar. jigana ieu teh nu disebut "heueuh-heueuh bueuk" tea. "aa cinta ka abdi?" "cinta pisan!" pokna teh. padahal panon masih lurak-lirik ka sisi ka gigir. he he.
dina kasus saderhana jiga di luhur, sikep "heueuh-heueuh bueuk" teh ngabalukarkeun kurang lancarna komunikasi. malah pamustunganana jigana bisa ngalahirkeun sikep "permisif" tea. misalna, upama aya batur nu korupsi beak dengkak dikritik. ari palebah nu korupsi dulur sorangan, seler sorangan mah hayoh dipindingan. da nyaeta bilih kasigeung manahna te. antukna jiga kaayaan di urang ayeuna. ceuk pangemut sim kuring mah, dina naon wae pasualan langkung sae balaka, jiga babasan "hade ku omong, goreng ku omong" tea. tah babasan ieu mah aya sifat korektif, upama aya kasalahan nya dikritik kujalan nu hade. atuh tangtu wae urang sadaya kedah kersa dikritik deui. asana sikep ieu saluyu jeung kosep "silih asah, silih asih, silih asuh". wallahu a'lam. salam, mh --- Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Para wargi, > > Dadasar budaya, nyaeta geusan ngaraketkeun diri > jeung sasama, pikeun Ki Sunda, nyata kacida kuatna. > Buktina kudu pisan matak genah, matak betah hate > batur, ulah pisan kumawani nyigeung lelembutna, ulah > pisan matak kuciwa pangrasana. Nya ku kituna, > ucap-lampah-paripolah sapuratina, estuning geusan > ngamulyakeun batur, dugi ka poho kana saringan. Da > nyaeta tea, ngutamakeun bungah manahna, sangkan > lungsur tresna-asihna, sangkan ulah dipikangewa, > najan teu ngarti, mairan mah kudu keukeuh teu weleh > heueuh : sumuhun, leres, yaktos, kantenan, sae > pisan, ��...��... naon deui boa ! > > Naha bet kitu peta ? Kieu alesana __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

