Nyawang mangsa keur bolon alias ololeho.....tas agustusan atawa tas lebaran sok diayakeun raramean, meungpeung urang Jakarta dilembur keneh. Lembur abdi namina Cibungur, nya pakumpulan senina(sanggar seni) teh disebat Layung Bungur(payus jeung nami lemburna).
Sabulan bade diayakeun malem seni sok geus geunjleung, sasadiaan kanggo malem seni, komo barudak mah segut pisan rek aya malem seni teh, ari geus prung na mah ngaguher we da teu kuat tunduh.
Acarana teh aya sambut ti Kepala Desa anu pidatona seueur nyebatkeun sim kuring/pribados, Jaipongan, ketuk tilu jeung lalaguan(pop).
Acara anu ditunggu-tunggu ku urang lembur teh nyaeta Calung ngahaja sok rada peuting(pamungkas acara), matak resep matak ngehkey ningali bodor calung da salah sahiji anu nyalung sok ngahajakeun siga anu 'kuuleun", da ari keur leutik mah bobodoran jiga kitu teh resep we nua aya. Sok inget ka Kang Darso tah calung teh....Kang Darso..Kang Darso..(siga siluman  ceuk dina salah sahiji laguna jeung Tita Karlita(urang Sumedang keneh tah si Eneng teh)).
Sono jeung waas tah geus lila teu ningali calung deui.
 
Jalak


Sumedang Tandang Nyandang Kahayang


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke