Haturan kang Jalak !
Leres pisan kang, daerah akang mah sakaterang arahli seni sapertos diwewengkon Sukaratu mun teu lepat aya lingkung seni kuda renggong sareng jaipongan.
 
Biasa mun dilembur mah mun aya acara hiburan teh sok seueur sambutanana,ti panitia, ti pa olot, ti pa kades, ti pa kapolsek, beu hiburana mah iraha boa kaburu murelek heuay.hehe.
 
Mun inget calung enya sok langsung we inget ka Darso, waas kuhaleuangna, lagu maripi, mega hideung atawa cucu deui. Video klipna biasa mun teu diharudung sarung atawa make stelan jas anu di mik-up ala drakula..hehe edun.
cag ah,
sr
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, September 28, 2004 5:18 PM
Subject: [Urang Sunda] Calung...

Nyawang mangsa keur bolon alias ololeho.....tas agustusan atawa tas lebaran sok diayakeun raramean, meungpeung urang Jakarta dilembur keneh. Lembur abdi namina Cibungur, nya pakumpulan senina(sanggar seni) teh disebat Layung Bungur(payus jeung nami lemburna).
Acarana teh aya sambut ti Kepala Desa anu pidatona seueur nyebatkeun sim kuring/pribados, Jaipongan, ketuk tilu jeung lalaguan(pop).
teh....Kang Darso..Kang Darso..(siga siluman  ceuk dina salah sahiji laguna jeung Tita Karlita(urang Sumedang keneh tah si Eneng teh)).
Sono jeung waas tah geus lila teu ningali calung deui.
 
Jalak


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke