He..he..Kang Syam mah nyaho wae euy.....boa-boa nyaho kuring. Make nyaho ka Sukaratu sagala. Hilap abdi mah nami si Abah anu miara kuda renggong teh. Ngan masih keneh inget tah kandang kuda di Sukaratu palebah kaler deukeut walungan Cihonje. Tariis didinya mah kebon awi jeung cai paranti marandi, ngisikan.
Si Abah eta teh sok ngajampean euy...kuring ge pernah ku si Abah eta di jampean keur leutik da cacingan wae he..he...Emut keneh, syarat-syaratna teh daging anu di gerus make bawang bodas sing loba pisan,sina nepikeun ka bau bawang bodas cacahan daging teh terus dipais.  Terus tali hideung keur kalung.
Di tempat si Abah, di jampean, duka jampe nanahoan tah. Jampe jampe Harupat meuruen, meh geus gede ngaran samarana Jalak Harupat.Nepi ka imah dipurak pais daging+bawang bodas teh. keur leutik mah di dahar we da ngeunah nanaon oge.....Komo ieu daging, jarang manggih.
Nya nepi ka ayeuna tara cacingan euy.
Duka ka mana kalung hideung anu digantelan parancahan si Abah. Mun masih aya mah rek di simpen, kenang-kenangan pernah cacingan, he..he......
Sok hayang seuri ningali Iklan Combantrin di Teve kieu geura :
"Anak Ibu cacingan?"
"Tentu tidak"
"Oh, kalau begitu anak Ibu bajingan ?"...
"Lain bajingan deui....super...bajing
 
Jalak


syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan kang Jalak !
Leres pisan kang, daerah akang mah sakaterang arahli seni sapertos diwewengkon Sukaratu mun teu lepat aya lingkung seni kuda renggong sareng jaipongan.
 
Biasa mun dilembur mah mun aya acara hiburan teh sok seueur sambutanana,ti panitia, ti pa olot, ti pa kades, ti pa kapolsek, beu hiburana mah iraha boa kaburu murelek heuay.hehe.
 
Mun inget calung enya sok langsung we inget ka Darso, waas kuhaleuangna, lagu maripi, mega hideung atawa cucu deui. Video klipna biasa mun teu diharudung sarung atawa make stelan jas anu di mik-up ala drakula..hehe edun.
cag ah,
sr


Sumedang Tandang Nyandang Kahayang


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke