Assalamu'alaikum Wr.Wb Baraya, Ngomba teh hartosna--di wewengkon sim kuring--ngajak nyarios ka budak. Biasana budak anu masih umur 0 s/d 2 tahun. Ti ngawitan umur 8 sasihan (?) budak biasana tos bisa diajar. Jadi mun budak tos diajaran; ieu tangan, ieu kuping, ieu irung bari nunjuk ka anggota tubuh nu dimaksud teras ditanya ku nu ngomba, "Irung mana? Irung mana?" Budak bade nunjuk ka anggota tubuhna sorangan anu ditaros ku nu ngomba.
Masih masalah ngomba. Sim kuring mendakan ombaan anu 'telenges' bin tidak mendidik. Padahal nu ngombana teh kolotna sorangan. Keu ombaanateh; "Tangan nu budugna mana? Tangan nu budgna mana?" Sor bae atuh sim budak teh (umurna 10 bulan) ditanya kitu nuduhkeun talapak tangana nu keur loba bintik-bintik beureum jiga jerawat. Dan meureun sateuacana geus diajaran ku kolotna. Atawa ombaan anu sanesna, "Irung nu pesekna mana? Irung nu pesekna mana?" Ceg bae atuh budakteh ngome irungna. Cag, ah. Sakitu heula dongengna. -- Wasalamu'alaikum Wr. Wb., durahman mailto:[EMAIL PROTECTED] http://www.geocities.com/dur74/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

