Leres pisan kang Panzi seueur nu nuduh Amrik pipilueun dina soal G30S/PKI. Tapi paling henteu Amrik ngilu untung sareng ngarojong pisan supaya gerakan komunis di Indonesia diancurkeun, maklum Amrik sieuneun Indonesia jadi nagara komunis. Ceuk cenah salah sahiji dosa Amrik teh nyaeta mikeun daftar anggota PKI ka pihak Angkatan Darat, nepi ka ampir sadayana anggota PKI atawa oge nu katulis tonggong ku CIA ditewakan jeung akhirna ampir sajuta jalmi .........ditelasan!. Tapi ieu ukur tuduhan-tuduhan, seueur pisan versina, dugi ka ayeuna oge henteu jelas, kumaha kajadian sabenerna taun 1965 teh........ Keun eta mah bagean para ahli sajarah sina debat-debatan. Tapi hiji nu kudu jadi pieunteungeun teh, soal katelengesan nu dilakukeun ku bangsa urang ka bangsa urang deui!
Saperti dongeng kuring nu diposting kamari, di lembur kuring mah euweuh kajadian nanaon, saperti umumna di lembur-lembur di Jawa Barat. Tapi ari wartos-wartos pikasieuneun mah rame di lembur teh, soal PKI rek nyongkel panon, rek maehan tokoh jeung nu kasebut "aya" di lembur, rek ngabagi-bagikeun taneuh jste. Kuring kacida sieunna, kumargi pun Aki teh tilas lurah ditambih deuih gaduh kebon jeung sawah rada lega. Meureun pangheulana nu diarah ku PKI teh pun Aki. Eta nu jadi pikasieun ku kuring teh. Ditambah deuih ku "dongeng" lobana mayit nu ngarangkleung minuhan walungan jeung laut di "jawa" (maksudna di Jateng jeung Jatim) nepi ka jalmi-jlami aralim dalahar lauk asin. kuring nyangka eta teh kakejeman PKI. Kasieun kuring ka PKI kabawa-bawa tepi ka SMA jeung waktu kuliah da di sakola ge ditekenkeun pisan kumaha telengesna PKI teh. Di awal tahun 1980'an kuring teh mimiti digawe, pacampur jeung babaturan nu geus darewasa jeung lain ti daerah Jawa Barat wae, aya nu ti Jateng, Jatim, Sumbar jrrd. Tah tidieu yeuh mimiti "lieur"na teh. Lamun ngobrolkeun soal kajadian G30S/PKI, babaturan teh sok ngadarongengkeun soal "pembantaian" di lemburna. Tangtu wae, ceuk pikir kuring, nu "ngabantai" teh PKI , da ceuk "dongeng" di lembur jeung di sakola oge kitu. Tapi kanyataanana geuning lain, nu dibantai teh geuning PKI jeung nu disangka PKI. Kuring mimitina mah ngadebat, tapi kalahka disaleungseurikeun, pajarkeun teh, nyaho naon ari urang Jawa Barat, da di Jawa Barat mah keur kajadian G30 S ampir teu aya nanaon. Dongeng babaturan ieu teh, ditambahan deui ku dongeng-dongeng nu leuwih matak ngabirigidig lamun urang ngadangu dongeng ieu di daerahna : di Jawa Tengah, Jawa Timur, Bali jrrd. (Kaleresan padamelan kuring tukang asruk-asrukan ka daerah-daerah). Di Kota Negara Bali, aya Hotel namina teh Hotel Anna. Ceuk pagawe hotel waktu ngobrol jeung kuring di taun 1981, di benteng tembok hotel eta, anggota PKI diregregkeun terus ditembak. Di Banyuwangi, Pa Sersan Pembantu Koramil pisan nu ngadongeng, kumaha manehna waktu harita sok ngagiring PKI ka sisi Walungan, nu terusna dipeuncitan ku ........(Taroskeun we ka urang Jawa Timur saha nu sok meuncitan PKI teh). Dongeng anggota Gerwani Ditelasan kujalan susuna diteuteuk. Dongeng .......jeung dongeng nu matak .................. Masya Allah, kadang-kadang kuring sok teu percaya, naha bener urang Indonesia bisa ngalakukeun pagawean nu sakitu telengesna? Seueur nu nyebatkeun PKI nu dibantai jaman harita teh dugi ka aya dua juta jalmina. Bilih ieu naksirna kaleuleuwihi maklum sumber ti "Barat", sumber-sumber di Indonesia mah nyebatkeun antara 500 rewu dugi ka Sajuta Jalmi, jadi sami jeung penduduk Brunei Darussalam ditelasan sadayana malah langkung! ............. WALUYA ----- Original Message ----- From: B�sm��� To: Milis Kusnet Sent: Wednesday, October 06, 2004 6:52 AM Subject: [Urang Sunda] PKI deui... kenging ti tatanggi... punten teu dibasa sundakeun, da leukleuk atuh... hehehe.. Panzi ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

